Kng Sapertosna mah saluyu sareng uga Silihwangi nya ..................................... Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
...................................... Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati. Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon! .................................... Janten sapertos nah mah Urang sunda nuju nyumput dina caang merennya..... Punten ah bilih kirang nyugeumakeun Wasalam uk tea........ ----- Original Message ----- From: Harie Hardiansyah To: [email protected] Sent: Sunday, May 31, 2009 5:13 PM Subject: [Urang Sunda] KAMARANA ATUH KI SUNDA !!!!!! Kang helmi, antropolog ti Unpad, kantos sasauran, " .....prabowo, yudoyono, wiranto, boediono,.....ari Mang atang, Kang Jajang, Cep Sumantri, Jang Asep, kamarana ? ". asa lugu jeung laguna Doel Sumbang, nu judulna Urang Sunda, wajar mun eusina rada nyintreuk, da puguh buktosna ge Ki Sunda mah asa teu aya tapakna pisan dina raramean Pilpres kiwari. Kamarana atuh....??????

