nu katingali ku kuring mah, urang sunda mah masih keneh loba nanya: kamana?
iraha? saha?
bari poho yeh manehna oge urang sunda

hahaha...m pura ah urang sunda

duq herlianTO

2009/6/1 Harie Hardiansyah <[email protected]>

>
>
> Haturnuhun kana waleuranna, tapi nu janteun pertarosan, naon nu ngajadikeun
> ki sunda ka beungkeut ku eta Uga. mun tea mah uga teh tapak sajarah, ceukap
> dijanteunkeun eunteung jang ngaca ngariksa diri. boa-boa gara-gara eta uga,
> ki Sunda ngahaja teu walakaya, nungguan gunung gede bitu, duka iraha !!!!
>
> Weungi tadi dina acara tatap muka, di salah sawios tipi swasta, Kang Farhan
> mukakeun rahasia dibalik istana wapres. aya bungah oge sedih, sababaraha
> urang nu diwawancara teh ternyata urang Sunda, aya Bi Asih juru masak
> istana, Asep pramusaji istana, aya nu rada luhur, Teh Salbyna Danasaputra,
> anjeunna sekretaris pribadi Wapres. Pangluhurna ngan ukur janteun
> sekretaris. langkung hade mun sakanteunan Wapres atanapi Presidenna Urang
> Sunda, tapi duka iraha, da gunung Gede na oge can katingal bakal bitu !!!!
>
>  ------------------------------
> *From:* Satria Pinandita <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Monday, June 1, 2009 10:06:17 AM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] KAMARANA ATUH KI SUNDA !!!!!!
>
>  Kng Sapertosna mah saluyu sareng uga Silihwangi nya
>
> ............ ......... ......... .......
> Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna,
> leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu
> mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal
> aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan
> mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang
> pinterna. Mudu arédan heula.
>
> ............ ......... ......... ........
>
> Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman
> bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku
> tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda
> ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya
> deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
>
> Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah,
> siar ku dia éta budak angon!
> ............ ......... ......... ......
>
> Janten sapertos nah mah Urang sunda nuju nyumput dina caang merennya.... .
>
> Punten ah bilih kirang nyugeumakeun
> Wasalam
> uk tea........
>
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Harie Hardiansyah <[email protected]>
> *To:* urangsu...@yahoogro ups.com <[email protected]>
> *Sent:* Sunday, May 31, 2009 5:13 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] KAMARANA ATUH KI SUNDA !!!!!!
>
>   Kang helmi, antropolog ti Unpad, kantos sasauran, " .....prabowo,
> yudoyono, wiranto, boediono,... ..ari Mang atang, Kang Jajang, Cep Sumantri,
> Jang Asep, kamarana ? ". asa lugu jeung laguna Doel Sumbang, nu judulna
> Urang Sunda, wajar mun eusina rada nyintreuk, da puguh buktosna ge Ki Sunda
> mah asa teu aya tapakna pisan dina raramean Pilpres kiwari. Kamarana
> atuh....???? ??
>
> _._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~
uaduq.co.cc

Kirim email ke