Haturnuhun kana waleuranna, tapi nu janteun pertarosan, naon nu ngajadikeun ki 
sunda ka beungkeut ku eta Uga. mun tea mah uga teh tapak sajarah, ceukap 
dijanteunkeun eunteung jang ngaca ngariksa diri. boa-boa gara-gara eta uga, ki 
Sunda ngahaja teu walakaya, nungguan gunung gede bitu, duka iraha !!!!

Weungi tadi dina acara tatap muka, di salah sawios tipi swasta, Kang Farhan 
mukakeun rahasia dibalik istana wapres. aya bungah oge sedih, sababaraha urang 
nu diwawancara teh ternyata urang Sunda, aya Bi Asih juru masak istana, Asep 
pramusaji istana, aya nu rada luhur, Teh Salbyna Danasaputra, anjeunna 
sekretaris pribadi Wapres. Pangluhurna ngan ukur janteun sekretaris. langkung 
hade mun sakanteunan Wapres atanapi Presidenna Urang Sunda, tapi duka iraha, da 
gunung Gede na oge can katingal bakal bitu !!!!




________________________________
From: Satria Pinandita <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Monday, June 1, 2009 10:06:17 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] KAMARANA ATUH KI SUNDA !!!!!!





Kng Sapertosna mah saluyu sareng uga Silihwangi nya

............ ......... ......... .......
Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit 
nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. 
Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu 
nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu 
maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan 
heula.
 
............ ......... ......... ........
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman 
bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh 
gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda 
ngahampura. Hadé deui sakabéhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; 
sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, 
siar ku dia éta budak angon!
............ ......... ......... ......
 
Janten sapertos nah mah Urang sunda nuju nyumput dina caang merennya.... .
 
Punten ah bilih kirang nyugeumakeun
Wasalam 
uk tea........
 
 
----- Original Message ----- 
From: Harie Hardiansyah 
To: urangsu...@yahoogro ups.com 
Sent: Sunday, May 31, 2009 5:13 PM
Subject: [Urang Sunda] KAMARANA ATUH KI SUNDA !!!!!!

Kang helmi, antropolog ti Unpad, kantos sasauran, " .....prabowo, yudoyono, 
wiranto, boediono,... ..ari Mang atang, Kang Jajang, Cep Sumantri, Jang Asep, 
kamarana ? ". asa lugu jeung laguna Doel Sumbang, nu judulna Urang Sunda, wajar 
mun eusina rada nyintreuk, da puguh buktosna ge Ki Sunda mah asa teu aya 
tapakna pisan dina raramean Pilpres kiwari. Kamarana atuh....???? ??





      

Kirim email ke