Ceuk kuring mah perkara neangan tokoh muda Indonesia, masih jiga leuweung geuleudeugan. Kalolobaanana referensi urang masih ngandelkeun ka anu sering dibejakeun di media. Bias ieu teh, patetelepa kaditu kadieu, nepikeun jadi hiji aksioma anu hese diungget-ungget. Padahal di widang elmu pangaweruh (anu terspesialisasi kana macem-macem widang) mah loba tokoh-tokoh muda anu prestasina kawilang nyongcolang. Para wartawan wae anu teu imeut, atawa tara malire upama teu aya pakaitna jeung kahirupan kumbuh sapopoe. Padahal upama ayeuna para wartawan ngumpul, terus nyieun kriteria anu jelas wates-watesna hiji jalma disebut tokoh muda, pasti bakal kaget ku ceuyahna tokoh muda di Indonesia. Sigana perkara ieu, can aya nau ngagarap kalayan soson-soson. Padahal mah bisa jadi hiji pagawean anu moal aya eureunna.
Ari ceuk rektor UI mah, ayeuna teh jaman, dimana kamampuan uteuk diadu dijadikeun hiji kaunggulan SDM hiji nagara. Tah, biasana pan anu uteukna encer (briliyan) jeung prestasina nyongcolang biasana dibogaan ku budak anu umurna ngora. Jiga di komunitas tangtara umur 55 taun teh, lamun heunteu boga prestasi, pasti dipangsiunkeun. baktos, mrachmatrawyani baktos, mrachmatrawyani --- On Thu, 6/11/09, Maman Gantra <[email protected]> wrote: From: Maman Gantra <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Re: Neangan Tokoh Muda Indonesia? To: [email protected] Date: Thursday, June 11, 2009, 3:33 PM --- In urangsu...@yahoogro ups.com, "dhibarhyza" <dhibarhyza@ ...> wrote: > > Kang punten bade tumaros upami salami ayeuna aya teu aya program pamarentah > khususna di Sunda kanggo ngadidik cikal bakal pamimpin atanapi ilmuwan ... > ari ngadangu di nagara - nagara nu sanesmah gening tiawal keneh putra - putri > nagara teh di tes IQ na ti alit keneh ... teras anu IQ na punjul di > kembangkeun dididik ku nagara ... .

