Leres Bah, memang kedah aya perobihan mindset pipikiran urang. Upami narik 
kapengker, tiasa janten ieu teh titinggalan politik penjajah Walanda (anu 
kamari kuring muji-muji margi ngajarkeun metode ilmiah). Tingali waktos jaman 
walanda, puseur sakola tehnik ayana di Bandung (1920), Sakola Hukum di Jakarta 
(1928), tos komo deui sakola dokter Jawa mah di Jakarta pisan ayana teh. Sok 
sanaos para lulusanana engkena disebar ka sakuliah nusantara. Sistem para 
dokterĀ  sareng dokter spesialis anu kedah wajib kerja di daerah, saleresna mah 
konsep nu sae pikeun nyebarkeun SDM unggul sareng mengenal daerah pelosok 
pikeun dokter. Tapi ayeuna sistem eta teh heunteujanten kawajiban deui pikeun 
dokter/dokter spesialis anu nembe lulus.
Konsep tangtara sigana anu masih ketat diberlakukeun. Dimana para taruna anu 
nembe lulus disebar ka daerah-daerah. Sacara berkala eta para taruna teh 
dialihkeun tugasna ka wewengkon pelosok nusantara.

Janten kacindekanana, ceuk si kuring mah, memang kedah aya hiji sistem anu 
tiasa "memungkinkan" seseorang anu pinunjul dina hiji widang, tiasa langkung 
dikenal ku masyarakat. Ahirna nya ka "para pekerja pers" wae anu gaduhperanan 
dina perkara ieu.

baktos,

mrachmatrawyani

--- On Thu, 6/11/09, Waluya <[email protected]> wrote:

From: Waluya <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Neangan Tokoh Muda Indonesia? masih leuweung 
geuleudeugan!
To: [email protected]
Date: Thursday, June 11, 2009, 4:16 PM











    
            
            


      
      Ari kuring mah, nu sok hanjelu teh, sagalana orientasina ka JAKARTA. 
Maksud 

teh pasti para tokoh nu nganjrek di Jakarta atawa sabudeureunana. Urang 

Daerah nu hayang jadi Tokoh Nasional, kudu icikibung heula di Jakarta 

(kaasup akhirna boga imah di Jakarta ...hehehehe) . Nu cicing di daerah mah 

tong ngarepkeun disebut Tokoh Nasional .... cukup disebut tokoh daerah.



Coba tingali Amerika Serikat, tokoh-tokoh nasionalna teh nyebar dimana-mana, 

teu ngumpul di hiji tempat wae ........



Baktos,

WALUYA



----- Original Message ----- 

From: MRachmat Rawyani

Ceuk kuring mah perkara neangan tokoh muda Indonesia, masih jiga leuweung 

geuleudeugan. Kalolobaanana referensi urang masih ngandelkeun ka anu sering 

dibejakeun di media. Bias ieu teh, patetelepa kaditu kadieu, nepikeun jadi 

hiji aksioma anu hese diungget-ungget. Padahal di widang elmu pangaweruh 

(anu terspesialisasi kana macem-macem widang) mah loba tokoh-tokoh muda anu 

prestasina kawilang nyongcolang. Para wartawan wae anu teu imeut, atawa tara 

malire upama teu aya pakaitna jeung kahirupan kumbuh sapopoe.




 

      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke