Ari kuring mah, nu sok hanjelu teh, sagalana orientasina ka JAKARTA. Maksud teh pasti para tokoh nu nganjrek di Jakarta atawa sabudeureunana. Urang Daerah nu hayang jadi Tokoh Nasional, kudu icikibung heula di Jakarta (kaasup akhirna boga imah di Jakarta ...hehehehe). Nu cicing di daerah mah tong ngarepkeun disebut Tokoh Nasional .... cukup disebut tokoh daerah.
Coba tingali Amerika Serikat, tokoh-tokoh nasionalna teh nyebar dimana-mana, teu ngumpul di hiji tempat wae ........ Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: MRachmat Rawyani Ceuk kuring mah perkara neangan tokoh muda Indonesia, masih jiga leuweung geuleudeugan. Kalolobaanana referensi urang masih ngandelkeun ka anu sering dibejakeun di media. Bias ieu teh, patetelepa kaditu kadieu, nepikeun jadi hiji aksioma anu hese diungget-ungget. Padahal di widang elmu pangaweruh (anu terspesialisasi kana macem-macem widang) mah loba tokoh-tokoh muda anu prestasina kawilang nyongcolang. Para wartawan wae anu teu imeut, atawa tara malire upama teu aya pakaitna jeung kahirupan kumbuh sapopoe.

