Punteng ngiring mairan..(dipilih anu terangna wae khusus anu ka Korea)
diserat warna bulao.

oman abdurahman <[email protected]> 




Baraya,
 
Poe kamari Siti Hajar, TKW asal Garut anu keur nandangan sangsara di 
>>>>>>>>>>>>>>>diteukteuk<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<
Mataholang pasoalan TKW asa gampang diringkelkeun, sok sanajan hese 
prak-prakanana mah, sabab merlukeun tekad jeung prak-prakan Pamarentah anu 
jujur, soson-soson, jeung niat nyieun bangsana cerdas, raharja jeung nyangking 
kaadilan sosial sakumaha dina bubuka UUD 45. Kahareup, kahayang mah urusan 
TKW/TKI ieu nyoko kana prinsip-prinsi dasar kieu: 
1) TKW jeung TKI mutlak kudu diurus ku Pamarentah langsung, teu meunang aya 
hiji oge hal anu diurus ku swasta; 
Khusus anu ka Korea parantos dicepeng BNP2TKI.
2) kudu aya peningkatan kamampuan (skill) TKW/TKI supaya nilaina naek, 
Parantos aya (seueur) Pusat Pelatihan calon TKI
3) sabisa-bisa digawena ulah jadi babu (pakait jeung prinsip anu kadua);
Khusus anu ka Korea seuseueurna TKI damel di pabrik-pabrik, aya oge anu damel 
dina widang perikanan, pertanian sareng peternakan
4) Pamarentah kudu mempermudah urusan anu diperlukeun ku TKW/TKI (ijin, paspor, 
visa, jst) sabab aranjeunna teh apan engkena penghasil devisa, jeung 
Duka nu ieu mah
5) Pamarentah kudu ngajamin kasalametan para TKW/TKI ti mimiti indit, salila di 
nagara tujuan, nepi ka baralik deui ka lemah cai (upamana, di bandara ulah 
nepi siga di leuweung gerot, sieun diudag-udag ku para preman, ditipu jasa 
angkutan, jst, kudu inget, para TKW khususna eta kaum isteri anu sakuduna 
dihormat, komo aranjeunna teh penghasil devisa, lain diingkeun siga 
sato pamoroan) . 
Khusus di bandara Cengkareng tingawitan taun 2007 (upami teu lepat) terminal 
khusus kanggo TKI parantos teu aya, TKI sa terminal sareng panumpang sanesna.
 
Gurat badag lengkah-lengkah tina prinsip-prinsip di luhur, anu kabayang ku 
kuring ayena sarupa kieu:
 
1) Pamarentah ngaliwatan Departemen Luar Negeri nyieun hubungan jeung nagara 
tujuan bari ngumpulkeun informasi: kaperluan tanaga kerja ti nagara-nagara 
deungeun teh naon wae jenis jeung jumlahna, skill dasar naon anu diperlukeun, 
jst.
Khusus ka Korea BNP2TKI parantos gawe bareng HRD (Human Resources Development) 
Korea, sapertos anu dimaksad, sanes Dep. Luar Negeri
 
2) Pamarentah ngumpulkeun informasi aya sabaraha TKW jeung TKI anu pantes jeung 
nyumponan prasyarat dasar pikeun eta kaperluan TKW/TKI. Laju, diayakeun seleksi 
penerimaan calon TKW/TKI
Khusus ka Korea parantos dijalankeun ku BNP2TKI
 
3) Pamarentah ngayakeun pelatihan haratis atawa paling luhur dibayar di tukang 
sanggeus para TKW/TKI meunang gajih atawa upah. Kurikulum pelatihan diluyukeun 
jeung kaperluan nagara tujuan oge jeung kamampu dasar calon TKW/TKI; Aya alusna 
ti mimiti lengkah ieu, wakil2 ti nagara tujuan geus dilibetkeun, boh dina 
pendanaan atawa dina masalah pembiayaan;
Parantos seueur Pusat-pusat Pelatihan calon TKI.
 
4) Lamun geus cocok antara calon majikan di nagara tujuan (ushaakeun majikan 
teh nyaeta pausahaan, lain rumah tangga) jeung calon TKW -na, boh syarat 
minimal kamampuan atawa gajih, para TKW/TKI teh diberangakatkeun ku Pamarentah. 
Paspor atawa visa haratis, ongkos ka nagara tujuan oge haratis, atawa dibayar 
ti tukang kalawan dicicil lamun para TKW/TKI geus meunang gajih. 
Khusus anu ka Korea, parantos diatur kalayan jelas dina SLC (Standard Labour 
Contrat) anu mana eta SLC diserat dina 3 atanapi 2 bahasa, 
bahasa Inggeris, Korea sareng bahasa Indonesia, kanggo kauninga
dina taun 2008 standar gaji TKI nyaeta 3,750 won/jam, taun ayeuna(2009)
4,000 won/jam ( US$. 1.oo = 1,200 won, kirang langkung).
Perkawis waragad kanggo janten TKI ka Korea parantos langkung mirah 
dibandingkeun sareng waktos diurus ku PJTKI.
 
5) Pamarentah boga wawakil khusus pikeun ngurus para TKW/TKI di satiap nagara 
anu jadi tujuan para TKW/TKI. Ieu fungsi perwakilan teh pikeun tempat ngadu 
para TKW/TKI dimana meunang pasoalan, keur ngurus gajih, jeung naon rupa 
masalah anu pakait jeung nasib TKW/TKI. Ulah aya deui kajadian TKW/TKI 
sosoranganan nyanghareupan majikan atawa Pamarentah nagara pangumbaraanana. 
Sagala rupa urusan TKW/TKI jeung pihak majikan/nagara majikan kudu diwakilan 
ku ieu wawakil ti Pamarentah. Tanggungjawab ieu wawakil Pamarentah teh nepi ka 
para TKW/TKI marulang deui ka imahna masing-masing kalawan salamet.
Khusus di Korea dina waktos ayeuna upami perkawis aya masalah sareng pihak 
dunungan, masih seueur anu diurus ku KBRI, waktos masih diurus ku PJTKI, tiap 
PJTKI anu ngintun TKI ka Korea garaduheun kantor wawakilna di Korea.
Janten KBRI Seoul, sering pisan ngurus masalah TKI, ti ngawitan perkawis 
gaji, lembur, pacogregan sareng pihak pausahaan, gering, maot, kacilakaan
gelut, tawuran papada TKI atanapi sareng TKA tinagara sanes, sareng sajabina.
Sok sanaos, diunggal daerah pihak HRD Korea tos muka kantor-kantorna 
kanggo ngalereskeun eta masalah.
 
Sakitu heula, mangga diantos sumbang pamadegan ti baraya sadaya, kaasup, upama 
bade aya perhatosan ka Siti Hajar Garut ieu, mangga urang sami-sami sawalakeun.
 
salam TKW/TKI,
 
manar 
 
Tambihan ; 
1. HRD ngempelkeun data pausahaan (pabrik, perikanan, peternakan sareng 
pertanian) anu meryogikeun TKI.
2. BNP2TKI ngempelkeun, ngalatih calon-calon TKI, sareng ngintunkeun datadata 
calon TKI ka HRD.
3. HRD milih calon-calon TKI anu kamampuhanana cocok sareng anu diperlukeun 
kapausahaan-pausahaan/pabrik/perikanan/peternakan & pertanian.
Hanjakal anu daftar puluh dugika ratus rewu, anu diperyogikeun mung ukur rewuan 
sataunna. 
Akibatna seueur anu ngantos dugika mulan malen.
 
Sakitu manawi janten uninga.
 
ssw
punten bilih aya anu teu leres.



Recent Activity


 9
New Members

 1
New FilesVisit Your Group 



Search Ads
Get new customers.
List your web site
in Yahoo! Search.

Y! Messenger
Group get-together
Host a free online
conference on IM.


Non Sibi
Sed Patriae
Support Navy Kids
And Our Country
. 


















      

Kirim email ke