Baraya, da kuring mah can lalajo ketangkasan domba ( ayeuna mah cenah istilah 
ngadu domba teh diganti ku ketangkasan domba), lantaran di kusnet teh loba 
baraya ti Garut cik nyuhunkeun bongbolongan : 
1. Lamun prung dilaksanakan ketangkasan domba, biasana sok dipirig ku kendang 
penca, neretetna tarompet teh laguna lagu naon.
2. Cek cenah maju mundurna domba nu makalangan teh di ajen, naha aya istilahna 
waktu keur mundur jeung keur maju (gandeuangna, nyebrutna atawa naonna boa).
3. Biasana di pakalangan sok aya bobotohna, bari semu ngengklak nurutkeun 
wirahma kendang penca. Naha bobotoh teh ayana di pakalangan teh ti dua pihak, 
ari jurina naha ngilu ngengklak deuih..?
4. Baheula mah diadu domba teh sok aya dombana nu nepi palastra di pakalangan, 
sok buru-buru dipeuncit. Ayeuna mah teu kitu, tah kira-kira sabaraha geprakan, 
naha dumasar kana waktu siga unggal ronde dina tinju atawa sabaraha kali 
geprakan diadu hulu dombana.kumaha itungananana (sabenerna geus aya aturanana 
ti HPDKI, himpunan peternak domba kambing Indonesia, ngan neangan di google 
aturan adu ketangkasan teh teu kapanggih)

Manawi aya nu tiasa masihan bongbolongan, hatur nuhun..!

MSas

Kirim email ke