Lamun kanggo miara ngabibitkeun terus diical mah OK. Lamun katangkasan/ngadu domba di haja ku manusa, atuh dosa aniyaya. Haram.
________________________________ From: MSasmita <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wednesday, June 17, 2009 7:37:10 AM Subject: [Urang Sunda] Domba Garut Baraya, da kuring mah can lalajo ketangkasan domba ( ayeuna mah cenah istilah ngadu domba teh diganti ku ketangkasan domba), lantaran di kusnet teh loba baraya ti Garut cik nyuhunkeun bongbolongan : 1. Lamun prung dilaksanakan ketangkasan domba, biasana sok dipirig ku kendang penca, neretetna tarompet teh laguna lagu naon. 2. Cek cenah maju mundurna domba nu makalangan teh di ajen, naha aya istilahna waktu keur mundur jeung keur maju (gandeuangna, nyebrutna atawa naonna boa). 3. Biasana di pakalangan sok aya bobotohna, bari semu ngengklak nurutkeun wirahma kendang penca. Naha bobotoh teh ayana di pakalangan teh ti dua pihak, ari jurina naha ngilu ngengklak deuih..? 4. Baheula mah diadu domba teh sok aya dombana nu nepi palastra di pakalangan, sok buru-buru dipeuncit. Ayeuna mah teu kitu, tah kira-kira sabaraha geprakan, naha dumasar kana waktu siga unggal ronde dina tinju atawa sabaraha kali geprakan diadu hulu dombana.kumaha itungananana (sabenerna geus aya aturanana ti HPDKI, himpunan peternak domba kambing Indonesia, ngan neangan di google aturan adu ketangkasan teh teu kapanggih) Manawi aya nu tiasa masihan bongbolongan, hatur nuhun..! MSas

