Kang Kumi, Kang Irpan, eta mah tos dicobian sadayana ge, weleh teu kapendak.
Komo ngawitanana mah Add/Remove Program nu aya dina control panel teh teu tiasa 
dibuka, atuh kitu deui lebet kana A Prompt, file nu nyumput ge teu tiasa dibuka 
sanaos tos dirobih hidenna.
Teras nyobian ngadamel disket backup system, supados tiasa dipapay dina DOS 
system, weleh teu kapendak (bari jeung hilap deui parentah DOSna 
deuih...ngararampa deui).
Ka Kang Aldo nuhun program uninstallerna. ke urang cobian.kamari kantos nyobian 
nganggo revouninstaller, nyakitu tetep teu kapendak. Naha ieu teh tos beresih 
atanapi memang nyamuni jero pisan.
Hatur nuhun bantosanana ti sadayana.
Naha ari FastAntivirus2009 teh sami sareng Kaspersky?
Aya hiji deui masalah teh, dina laptop (nu jadul), unggal dipasang antivirus 
(nu freeware sapertos AVG, ESET, Malwarebyte) teu tiasa update, unggal bade 
diupdate sok gagal bae, seolah-olah dianggap teu leres alamat website-na. 
Saurna eta ge kalebet virus, memang teu ngaganggu, mung sakadar ngahalangan 
update, aya nu nyebat jalan meresihanana diformat ulang, tapi kahoyong mah ulah 
dugi ka diformat da he he...males install deui.

MSas.




  ----- Original Message ----- 
  From: Kumincir Wikidisastra 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, June 17, 2009 12:17 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Kumaha Meresihan FasAntivirus





  Control Panel > Add or Remove Program > pilari programna

  atanapi, dina folder Program Files, kadang folder/file-na nyamuni, dina 
option dipilih view hidden files/folder


  . 

  

Kirim email ke