Wijujeng mang J.. mugi sing lungsur-langsar diperjalanana, dugika mulih deui ka Bandung, Utamina wilujeng kanu bade jatukrami, oge sing lungsur-langsar dina wkatosna mugi kahontal tujuan pernikahanana, salawasna aya dina pangtayungan Allah SWT. Aminnn... yarobbal alamiin..
ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda --- On Wed, 17/6/09, mangjamal <[email protected]> wrote: From: mangjamal <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] nyaba ka balikpapan aka tumbilaloka To: [email protected] Date: Wednesday, 17 June, 2009, 2:21 PM isuk beurang,Kemis 18 juni, si kuring sakulawarga, baris ngapung ka balikpapan. di CGK make Batavia Air. dina raraga ngareuah-reuah kawinan si bungsu andiw tea. di balikpapan nepi ka senen 21 juni. rada wajib milu da dina ieu aya, jadi kepala suku gunugcupu. kepala rombongan kitu. rombongan gunungcupu ciamis bandung dibagi tilu kloter. kamari kloter kahiji, pun biang jeung pun bapa oge si panganten the last mohican. isuk kemis isuk-isuk, pangais bungsu, pangais si andiw jeung kulawargana, kana Air Asia. asalna si kuring hayang naek Air Mancur, tapi teu aya cenah. aya ge Air Asia. cenah pihak ditu rek nanggap wayang malem senenna. di jl straat 1 ((DI Panjaitan nomer 3 Balikpapan). dalangna Ki Manteb Sudharsono. lalakona cenah mah Parto Kromo. mun basa inggris mah the Wedding of Arjun. sugan teh Parto pelawak, sihoreng eta teh Carita Arjuna kawin. padahal andiw mah bungsu. kuduna Sadewa kromo. kanu di Balikpapan, nuhun upami tiasa sumping.hp si kuring, 0811245487 ka nu di bandung, nitip bandung nya. haha.

