Asik lah ka Balikpapan. Tos lawas, Teu ka BPPN , 7 tahun. Kumaha ayeuna nya?
________________________________ From: mangjamal <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wednesday, June 17, 2009 10:21:35 AM Subject: [Urang Sunda] nyaba ka balikpapan aka tumbilaloka isuk beurang,Kemis 18 juni, si kuring sakulawarga, baris ngapung ka balikpapan. di CGK make Batavia Air. dina raraga ngareuah-reuah kawinan si bungsu andiw tea. di balikpapan nepi ka senen 21 juni. rada wajib milu da dina ieu aya, jadi kepala suku gunugcupu. kepala rombongan kitu. rombongan gunungcupu ciamis bandung dibagi tilu kloter. kamari kloter kahiji, pun biang jeung pun bapa oge si panganten the last mohican. isuk kemis isuk-isuk, pangais bungsu, pangais si andiw jeung kulawargana, kana Air Asia. asalna si kuring hayang naek Air Mancur, tapi teu aya cenah. aya ge Air Asia. cenah pihak ditu rek nanggap wayang malem senenna. di jl straat 1 ((DI Panjaitan nomer 3 Balikpapan). dalangna Ki Manteb Sudharsono. lalakona cenah mah Parto Kromo. mun basa inggris mah the Wedding of Arjun. sugan teh Parto pelawak, sihoreng eta teh Carita Arjuna kawin. padahal andiw mah bungsu. kuduna Sadewa kromo. kanu di Balikpapan, nuhun upami tiasa sumping.hp si kuring, 0811245487 ka nu di bandung, nitip bandung nya. haha.

