Wilujeung mang, kamari kuring karek ti Balikpapan, asa lain di Kalimantan, loba 
pisan orang Jawa. Nu matak reuwas, harga-harga kadaharan di Balikpapan marahal 
pisan, hampir dua- tilu kali lipat dibanding harga-harga di Pulau Jawa. Meuli 
hayam goreng oge neupika 20 ribu sapotong, bari jeung sambelna teu mirasa da 
ladana kurang seuhah, maklum harga sayur jeung cengek mahal. matakna, daripada 
kuring kagok kamahalan, sakalian weh dahar di tempat nu ngeunaheun. Ampir 
unggal poe dahar teh jeung lauk Patin nu galalede (asa can manggih di bandung 
mah), jeung Kapiting super asam manis. Saku rada ceukak, tapi dahar asa ponyo 
pisan. Wilujeung pelesir ka Balikapapan mang......




________________________________
From: mangjamal <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, June 17, 2009 2:21:35 PM
Subject: [Urang Sunda] nyaba ka balikpapan aka tumbilaloka






isuk beurang,Kemis 18 juni, si kuring sakulawarga, baris ngapung ka balikpapan. 
di CGK make Batavia Air. dina raraga ngareuah-reuah kawinan si bungsu andiw 
tea. di balikpapan nepi ka senen 21 juni. rada wajib milu da dina ieu aya, jadi 
kepala suku gunugcupu. kepala rombongan kitu. rombongan gunungcupu ciamis 
bandung dibagi tilu kloter. kamari kloter kahiji, pun biang jeung pun bapa oge 
si panganten the last mohican. isuk kemis isuk-isuk, pangais bungsu, pangais si 
andiw jeung kulawargana, kana Air Asia. 

asalna si kuring hayang naek Air Mancur, tapi teu aya cenah. aya ge Air Asia.

cenah pihak ditu rek nanggap wayang malem senenna. di jl straat 1 ((DI 
Panjaitan nomer 3 Balikpapan). dalangna Ki Manteb Sudharsono. lalakona cenah 
mah Parto Kromo. mun basa inggris mah the Wedding of Arjun. sugan teh Parto 
pelawak, sihoreng eta teh Carita Arjuna kawin. padahal andiw mah bungsu. kuduna 
Sadewa kromo.

kanu di Balikpapan, nuhun upami tiasa sumping.hp si kuring, 0811245487

ka nu di bandung, nitip bandung nya. haha.


   


      

Kirim email ke