Basa jaman budak, umur 6 taunan  (tahun 1987an), kuring kungsi ngiluan lomba 
rampak sekar di Kecamatan, dina raraga tujuh welas agustusan. Salain kawih 
Karatagan Pahlawan, aya hiji lagu deui nu ku kuring masih di pikaingeut. 
Judulna, Banjaran, mun teu salah ciptaanna Mang Koko. Kuring apal ciptaan Mang 
Koko, sabab ceuk kolot kuring, baheula tahun 70an, Mang Koko kungsi sok 
ngarumpul di imah nini kuring, soalna harita teh pun Ua ngadeugkeun sanggar 
seni Taruna Mekar. Sering bolak-balik ka Banjaran, Mang Koko teh akhirna 
nyiptakeun eta lagu. Mun teu salah, nu ku kuring masih diingeut, kieu eusina 
teh :

"...Na tutugan, gunung malabar,
Banjaran, reumah reusik campeureunik, dilingkung gunung...
Wuwuh asih narik ati, tempat peuleusir...
Banjaran.....Banjaran asri
Nu asli Banjaran Sari....
Kiwari Banjaran teh jadi Kota...
Boa jaga, boa jaga.....Jadi Kota...." (bilih leupat mangga koreksi)

Mun ngawangwang jaman Mang Koko nyiptakeun lagu eta, kabayang siga kumaha 
Banjaran teh. Endah, reusik, tempat peuleusir......kuring yakin Mang Koko lain 
ngan ukur make paribasa jang ngagambarkeun kaayaan Banjaran harita, tapi pasti 
luyu jeung kanyataan. Tapi, salila kuring hirup di Banjaran kurang leuwih 28 
tahun, asa pijauheun antara eusi kawih jeung kaayaan nu saecesna. Komo jaman 
kiwari mah, euweuh endah-endahna acan. Runtah nambru di unggal juru Kota, 
terminal alih fungsi jadi tempat dagang, angkot ngaretem sangeunahna, jalan 
raruksak parah. Ironisna, gambaran ieu teh hampir rata sarua di Kecamatan 
lianna di sawantara Kabupaten Bandung, teu puguh rupa kota kabupaten Bandung 
mah. Tenjo weh, Soreang, ceunah Ibukota, tapi kaayaanna meuni ngaprihatinkeun 
pisan. 

Sabulan kamari kuring mawa babaturan gawe ti Jakarta nyaba ka imah di Banjaran, 
sapanjang jalan teu weleh nyorocos ngajeujeuleh kaayaan akses jalan kabupaten 
nu ruksak parah. Lewat ti perbas, jalan geus mulai ancur, dek jalan dayeuhkolot 
lewat palasari atawa jalan bojongsoang eweh bedana, sarua ruksak. leupas ti 
Banjaran, jalan arah soreang lewat ciherang-cangkuang nepika soreang ge eweh 
bedana. Era mah pasti, tapi da kumaha deui atuh, kuring teu walakaya, lain 
pajabat, maenya kudu jojorowokan hareupeun kantor Bupati mah. 

Susuganan, na milis ieu aya pajabat atawa urang Kabupaten nu boga pangaweruh, 
punten simkuring nyungkeun tulung, bebenah wewengkon Kabupaten Bandung teh. 
Tong heran, mun kiwari kawih eta geus jarang ditembangkeun deui ku barudak. 
lain kusabab keur trend dangdut atawa Band, tapi sedih ningali kaayaan Kota nu 
teu puguh rupa. 

Punten bilih aya kalepatan, nyungkeun koreksi ti pun sepuh. Hatur nuhun 


      

Kirim email ke