Mendak Esey kenging Budi Rahayu Tamsyah dina Facebook, nyanggakeun!

AG

JIH, GEUNING AYA HADIR

Ciri sabumi cara sadesa. Unggal wewengkon, enya ge sarua basa Sunda,
mibanda ciri mandiri sewang-sewangan. Nya eta anu disebut basa
wewengkon tea, ditandaan ku garis imajiner anu disebut isogloss.
Disebut imajiner soteh, lantaran teu bisa dicekel deleg kalang jinekna.
Upamana bae antara basa wewengkon Garut jeung basa wewengkon Sumedang,
lebah mana watesna? Bisa jadi aya wates anu patumpang tindih di lebah
wewengkon Garut Kaler (Malangbong-Limbangan) jeung Sumedang Kidul
(Cae-Wado). Kitu deui Garut jeung Tasik, atawa Garut jeung Cianjur.
Isogloss memang henteu identik jeung wates teritorial sacara
administratif.

Jih, na deuk nyaritakeun naeun cenah? Bubukana mah dines amat nya, jing! 

Ti dituna mah nurutan ahli basa. Padahal uing mah saukur rek
nyaritakeun kecap bituna rasa, anu ku basa Indonesia mah disebut kata
seru. Teu pira, yen di sawatara wewengkon miboga kecap bituna rasa anu
mandiri. Sanajan bisa jadi aya anu sarua jeung wewengkon lianna. Naha
aya patalina jeung isogloss? Bisa aya, bisa euweuh. Keun sual eta mah,
da lain bagian uing. Kuduna mah nya, anu nyieun peta basa teh lembaga
pamarentah atawa anu diaku ku pamarentah, saperti BPBD jeung LBSS. Ari
kitu tea mah, bujeng-bujeng peta basa, kamus bae ge anu dianggap
babonna enggoning ngagunakeun basa, da masih ngagunakeun kamus taun
manaboa. Ceuk Si Salhiam tea mah, kamus jaman Fir’aon jadi Ketua OSIS.

Ya Alloooh, Jagan, kalah nyarioskeun kamus geuning, abong-abong pesbuk
teu diwengku. Apanan bade ngabustam perkawis kecap bituna rasa, sanes?

Tah. Enya. Di wewengkon Ciamis, Kawali jeung sabudeureunana, aya kecap
bituna rasa “jih”. Upamana bae dina kalimah: “Jih, geuning alus baju
teh. Sanaeun hargana, Jang?” Kecap “jih” samodel kitu oge kapanggih di
wewengkon Majalengka. Malah di wewengkon anu jauh ti dinya, wewengkon
Banten, utamana ti Pandeglang ka kidul, kecap “jih” samodel kitu oge
kapanggih. Eta bae, basa uing ulin ka Munjul, jajalaneun ka Bayah ti
Saketi. Pangangguran nanyakeun sual basa Sunda, tangtuna oge basa Sunda
anu aya dina kamus, ka barudak SD di dinya. Ari jawabna teh, “Jih, atuh
nanyana ulah gati-gati teuing, Pa!” Gati teh basa di dinya, anu
maksudna hese. Ngan di Saketi anu rada kaget teh, basa aya anu
silihtanya, “Rek ka mana, jing?”, dijawabna teh, “Ah, rek ulin bae,
jing!” Horeng, jing di dinya mah lain wancahan tina “anjing”, sakumaha
sangkaan uing. Tapi sarua ma’nana jeung “euy” di wewengkon Priangan
jeung sabudeureunana. 

Bisa jadi, kecap bituna rasa “jih” oge aya di wewengkon sejenna. Lamun
tea mah aya waktu jeung waragad, heg terus disusul tepus, moal henteu
bakal kapanggih tali cangreudna, anu ngahubungkeun sawatara basa
wewengkon. 

Masih di wewengkon Kawali, aya deui kecap bituna rasa “deng”. Malah ku
Kang Godi Suwarna mah dijadikeun judul novel. Eta kecap dipake, di
antarana pikeun nuduhkeun hal-hal anu teu pasti. Upamana bae dina
ungkara: “Deng teuing, biheung kalakon biheung moal ku urang mah!”;
“Deng, alus teuing keur pantar urang mah!” Ari di pakidulan Ciamis, ti
seret Banjar ka ditu, kecap bituna rasa anu produktif teh nya eta
“bedul” atawa alomorfna “bedus”. Bedul teh ngaran sejen pikeun bagong.
Upamana bae dina ungkara: “Bedul, itu lauk meni gede!”; “Bedus, eta mah
kabogoh Jang Budi meni geulis!” 

Key ah, kabogoh ti endi? Ti Hongkong?

Tah enya. Di wewengkon Banjar, utamana di Situbatu, Cimaragas jeung
sabudeureunana, aya kecap bituna rasa “key ah”, anu dipake pikeun nolak
hiji hal atawa ngalainkeun. Meh sarua jeung “teu aya we doyot” atawa
“teu aya we doy”, anu baheula kungsi populer di wewengkon Tasikmalaya.
“Teu aya we doyot” mangrupa kecap bituna rasa usum-usuman, sarua jeung
“edun” atawa “asoy”. 

Ari di wewengkon Cianjur, kecap bituna rasa anu dianggap ciri hasna teh
nya eta “Ya Alloh”, anu dikedalkeunana “Ya Alloooh …”, saperti dina
ungkara: “Ya Alloooh, Deden, ka mana bae nembe katingal?” Mun henteu
“Ya Alloh”, nya “masya Alloh”. Ngan basa uing minggu kamari nangkring
di hareupeun Hotel Setia (di Pacet, Cipanas), aya barudak SD ngabring.
Salasaurang di antarana ngomong, “Anjiiis, itu Mio kaleng … ngebuuut!”
bari nunjuk kana motor Vespa, anu keur nyemprung. Jigana, di kalangan
barudak mah, kecap bituna rasa teh, ngindung ka nu umum. Sanajan kitu,
ari lentongna mah teu leungit. Eta bae, dina nyebutkeun “yey”, apan
kadengena teh “iyeeey”, upamana bae dina ungkara: “Iyeeey, Kang Embud
mah kit ..tuuu…” Lebah dinyana mah, ampir sarua jeung urang Sukabumi.

Ngan kawasna, di lembur uing nu moal aya duana mah. Utamana di
wewengkon Wanayasa jeung sabudeureunana, enya di Pulakarta. Di dinya
aya kecap bituna rasa “hadir” atawa “dir”, pikeun nuduhkeun rasa heran
atawa kaget. Upamana bae dina ungkara: “Hadiiir, itu kapal meni gede!”
atawa “Diiir, bitisna ge meni babalingbingan kitu!” Masih di Pulakarta,
di tungtung kaler Kacamatan Kiarapedes, aya kecap bituna rasa “weya”.
Upamana dina ungkara, “Weya, anjogkeun ku sia!” Maksudna mah: “Hey,
tingalikeun ku maneh!” Ceuk beja, di wewengkon Subang oge aya kecap
bituna rasa “wey”, ngan uing can ngadenge sorangan pok-pokan jeung
dilarapkeunana.

Umumna kecap bituna rasa kiwari, meh sarua bae. Aya aduh, ih, wah, hey,
euleuh, adeuh, jeung sajabana. Ngan “ambuing-ambuing” geus carang
kadenge, ari lain dina wayang golek mah, biasana diucapkeun ku Semar:
“Ambuing-ambuing, Cuuu … calalageur, euy?” Ari anu keur ngetop, kecap
bituna rasa anu mindeng dikedalkeun ku Si Cepot Asep Sunandar Sunarya:
“Anjiiirrrr ….”. Di sawatara wewengkon jadi “anjis”. Di lembur uing mah
jadi “anjrit”. Upamana bae dina ungkara: “Anjrit, tadi uing papanggih
jeung urut harim, keur pakaleng-kaleng jeung rijalna.” Harim = kabogoh,
rijal = lalaki; eta jelas pangaruh basa Arab Pasar Rebo. 

Hadiiir, geuning geus rek subuh ieu teh!



      

Kirim email ke