Nambihan sakedik kecap bituna rasa wewengkon Majalengka.

HARUH.....

Haruh...nya nganaha ieu hayam paraéh, ku tétélo sugan !

AJAH = Aduh

Ajah..ieu aing tipagut kana batu !

CIH

Cih nya nganaha aya lalaki bet dianting ?

KARAH

Dimana karah kuring neundeun arit ?

BEDUL

Bedul dasar si Astahiam, poé paré ngadon diidek !

JADOL

Jadol leupas dui euy manuk téh !


Emod,

2009/6/19 A Gunawan <[email protected]>

>
>
> Mendak Esey kenging Budi Rahayu Tamsyah dina Facebook, nyanggakeun!
>
> AG
>
> JIH, GEUNING AYA HADIR
>
> Ciri sabumi cara sadesa. Unggal wewengkon, enya ge sarua basa Sunda,
> mibanda ciri mandiri sewang-sewangan. Nya eta anu disebut basa wewengkon
> tea, ditandaan ku garis imajiner anu disebut isogloss. Disebut imajiner
> soteh, lantaran teu bisa dicekel deleg kalang jinekna. Upamana bae antara
> basa wewengkon Garut jeung basa wewengkon Sumedang, lebah mana watesna? Bisa
> jadi aya wates anu patumpang tindih di lebah wewengkon Garut Kaler
> (Malangbong-Limbangan) jeung Sumedang Kidul (Cae-Wado). Kitu deui Garut
> jeung Tasik, atawa Garut jeung Cianjur. Isogloss memang henteu identik jeung
> wates teritorial sacara administratif.
>
> Jih, na deuk nyaritakeun naeun cenah? Bubukana mah dines amat nya, jing!
>
> Ti dituna mah nurutan ahli basa. Padahal uing mah saukur rek nyaritakeun
> kecap bituna rasa, anu ku basa Indonesia mah disebut kata seru. Teu pira,
> yen di sawatara wewengkon miboga kecap bituna rasa anu mandiri. Sanajan bisa
> jadi aya anu sarua jeung wewengkon lianna. Naha aya patalina jeung isogloss?
> Bisa aya, bisa euweuh. Keun sual eta mah, da lain bagian uing. Kuduna mah
> nya, anu nyieun peta basa teh lembaga pamarentah atawa anu diaku ku
> pamarentah, saperti BPBD jeung LBSS. Ari kitu tea mah, bujeng-bujeng peta
> basa, kamus bae ge anu dianggap babonna enggoning ngagunakeun basa, da masih
> ngagunakeun kamus taun manaboa. Ceuk Si Salhiam tea mah, kamus jaman Fir’aon
> jadi Ketua OSIS.
>
> Ya Alloooh, Jagan, kalah nyarioskeun kamus geuning, abong-abong pesbuk teu
> diwengku. Apanan bade ngabustam perkawis kecap bituna rasa, sanes?
>
> Tah. Enya. Di wewengkon Ciamis, Kawali jeung sabudeureunana, aya kecap
> bituna rasa “jih”. Upamana bae dina kalimah: “Jih, geuning alus baju teh.
> Sanaeun hargana, Jang?” Kecap “jih” samodel kitu oge kapanggih di wewengkon
> Majalengka. Malah di wewengkon anu jauh ti dinya, wewengkon Banten, utamana
> ti Pandeglang ka kidul, kecap “jih” samodel kitu oge kapanggih. Eta bae,
> basa uing ulin ka Munjul, jajalaneun ka Bayah ti Saketi. Pangangguran
> nanyakeun sual basa Sunda, tangtuna oge basa Sunda anu aya dina kamus, ka
> barudak SD di dinya. Ari jawabna teh, “Jih, atuh nanyana ulah gati-gati
> teuing, Pa!” Gati teh basa di dinya, anu maksudna hese. Ngan di Saketi anu
> rada kaget teh, basa aya anu silihtanya, “Rek ka mana, jing?”, dijawabna
> teh, “Ah, rek ulin bae, jing!” Horeng, jing di dinya mah lain wancahan tina
> “anjing”, sakumaha sangkaan uing. Tapi sarua ma’nana jeung “euy” di
> wewengkon Priangan jeung sabudeureunana.
>
> Bisa jadi, kecap bituna rasa “jih” oge aya di wewengkon sejenna. Lamun tea
> mah aya waktu jeung waragad, heg terus disusul tepus, moal henteu bakal
> kapanggih tali cangreudna, anu ngahubungkeun sawatara basa wewengkon.
>
> Masih di wewengkon Kawali, aya deui kecap bituna rasa “deng”. Malah ku Kang
> Godi Suwarna mah dijadikeun judul novel. Eta kecap dipake, di antarana
> pikeun nuduhkeun hal-hal anu teu pasti. Upamana bae dina ungkara: “Deng
> teuing, biheung kalakon biheung moal ku urang mah!”; “Deng, alus teuing keur
> pantar urang mah!” Ari di pakidulan Ciamis, ti seret Banjar ka ditu, kecap
> bituna rasa anu produktif teh nya eta “bedul” atawa alomorfna “bedus”. Bedul
> teh ngaran sejen pikeun bagong. Upamana bae dina ungkara: “Bedul, itu lauk
> meni gede!”; “Bedus, eta mah kabogoh Jang Budi meni geulis!”
>
> Key ah, kabogoh ti endi? Ti Hongkong?
>
> Tah enya. Di wewengkon Banjar, utamana di Situbatu, Cimaragas jeung
> sabudeureunana, aya kecap bituna rasa “key ah”, anu dipake pikeun nolak hiji
> hal atawa ngalainkeun. Meh sarua jeung “teu aya we doyot” atawa “teu aya we
> doy”, anu baheula kungsi populer di wewengkon Tasikmalaya. “Teu aya we
> doyot” mangrupa kecap bituna rasa usum-usuman, sarua jeung “edun” atawa
> “asoy”.
>
> Ari di wewengkon Cianjur, kecap bituna rasa anu dianggap ciri hasna teh nya
> eta “Ya Alloh”, anu dikedalkeunana “Ya Alloooh …”, saperti dina ungkara: “Ya
> Alloooh, Deden, ka mana bae nembe katingal?” Mun henteu “Ya Alloh”, nya
> “masya Alloh”. Ngan basa uing minggu kamari nangkring di hareupeun Hotel
> Setia (di Pacet, Cipanas), aya barudak SD ngabring. Salasaurang di antarana
> ngomong, “Anjiiis, itu Mio kaleng … ngebuuut!” bari nunjuk kana motor Vespa,
> anu keur nyemprung. Jigana, di kalangan barudak mah, kecap bituna rasa teh,
> ngindung ka nu umum. Sanajan kitu, ari lentongna mah teu leungit. Eta bae,
> dina nyebutkeun “yey”, apan kadengena teh “iyeeey”, upamana bae dina
> ungkara: “Iyeeey, Kang Embud mah kit ..tuuu…” Lebah dinyana mah, ampir sarua
> jeung urang Sukabumi.
>
> Ngan kawasna, di lembur uing nu moal aya duana mah. Utamana di wewengkon
> Wanayasa jeung sabudeureunana, enya di Pulakarta. Di dinya aya kecap bituna
> rasa “hadir” atawa “dir”, pikeun nuduhkeun rasa heran atawa kaget. Upamana
> bae dina ungkara: “Hadiiir, itu kapal meni gede!” atawa “Diiir, bitisna ge
> meni babalingbingan kitu!” Masih di Pulakarta, di tungtung kaler Kacamatan
> Kiarapedes, aya kecap bituna rasa “weya”. Upamana dina ungkara, “Weya,
> anjogkeun ku sia!” Maksudna mah: “Hey, tingalikeun ku maneh!” Ceuk beja, di
> wewengkon Subang oge aya kecap bituna rasa “wey”, ngan uing can ngadenge
> sorangan pok-pokan jeung dilarapkeunana.
>
> Umumna kecap bituna rasa kiwari, meh sarua bae. Aya aduh, ih, wah, hey,
> euleuh, adeuh, jeung sajabana. Ngan “ambuing-ambuing” geus carang kadenge,
> ari lain dina wayang golek mah, biasana diucapkeun ku Semar:
> “Ambuing-ambuing, Cuuu … calalageur, euy?” Ari anu keur ngetop, kecap bituna
> rasa anu mindeng dikedalkeun ku Si Cepot Asep Sunandar Sunarya: “Anjiiirrrr
> ….”. Di sawatara wewengkon jadi “anjis”. Di lembur uing mah jadi “anjrit”.
> Upamana bae dina ungkara: “Anjrit, tadi uing papanggih jeung urut harim,
> keur pakaleng-kaleng jeung rijalna.” Harim = kabogoh, rijal = lalaki; eta
> jelas pangaruh basa Arab Pasar Rebo.
>
> Hadiiir, geuning geus rek subuh ieu teh!
>
>  
>



-- 
DIPIAMIS BUAH GINTUNG.  =   Disangka hadé jeung bageur , tapi buktina goréng
jeung jahat.
Buah gintung = Ngaran sabangsa buah

Kirim email ke