Nuhun MJ sareng Bah To2. Puguh rada hilap, lamun teu dirayakan ku pulisi mah, eh maksud teh kabeneran ultah teh satanggal jeung hari jadi pulisi 1 Juli. Teu karasa umur teh geus lingsir ngulon.
Poe-poe ieu, kuring mah keur pakepuk perkara sakola budak. Budak nu kadua jeung nu bungsu kudu nuluykeun sakolana. Nu kadua kakara lulus SMA, nu bungsu lulus SD. Nu kadua mah keur ujian UMPTN, duka lulus, duka moal, tapi ari cadangan mah geus aya, ditarima di Teknik Industri Unpar, ngan eta mayarna ...heuheuheu matak ngahuleng. Nu SD mah diadu NEM. Duka ditarima di SMP mana di Bandung, da geuning loba saingan, loba nu niley NEMna galalede. Jadi ultah kuring taun 2009 mah, ultah loba "kerung" ....heuheuheu Baktosna, WALUYA > Toto Widiarto <abah.t...@...> wrote: > > ngiringan ach..... hepi hepian kango kang Waluya....!! hehehehehe > From: mj <ja...@...> > To: [email protected] > Sent: Thursday, July 2, 2009 12:54:12 PM > Subject: [Urang Sunda] wilujeng milangkala ka bah willy (telat) > Kamari pasosore muka facebook dina angkot. > Aya kaca birthday, bah Willy milangkala euy. Wilujeng bah. Sing > panjang yuswa, sing teras segar bugar jeung seuri ngeunah. > Hahaha. Kabayang ari pendak bah Willy, sok loba seuri.

