Wilujeng milangkala Bah.. mugia sehat, panjang yuswa... najan taun ieu loba "kerung", langkung sae tibatan loba "korong" heu heu
-jay- --- In [email protected], "waluya2006" <waluya2...@...> wrote: > > Nuhun MJ sareng Bah To2. Puguh rada hilap, lamun teu dirayakan ku pulisi mah, > eh maksud teh kabeneran ultah teh satanggal jeung hari jadi pulisi 1 Juli. > Teu karasa umur teh geus lingsir ngulon. > > Poe-poe ieu, kuring mah keur pakepuk perkara sakola budak. Budak nu kadua > jeung nu bungsu kudu nuluykeun sakolana. Nu kadua kakara lulus SMA, nu bungsu > lulus SD. Nu kadua mah keur ujian UMPTN, duka lulus, duka moal, tapi ari > cadangan mah geus aya, ditarima di Teknik Industri Unpar, ngan eta mayarna > ...heuheuheu matak ngahuleng. Nu SD mah diadu NEM. Duka ditarima di SMP mana > di Bandung, da geuning loba saingan, loba nu niley NEMna galalede. > > Jadi ultah kuring taun 2009 mah, ultah loba "kerung" ....heuheuheu > > Baktosna, > WALUYA > > > > Toto Widiarto <abah.toto@> wrote: > > > > ngiringan ach..... hepi hepian kango kang Waluya....!! hehehehehe > > From: mj <jamal@> > > To: [email protected] > > Sent: Thursday, July 2, 2009 12:54:12 PM > > Subject: [Urang Sunda] wilujeng milangkala ka bah willy (telat) > > > Kamari pasosore muka facebook dina angkot. > > Aya kaca birthday, bah Willy milangkala euy. Wilujeng bah. Sing > > panjang yuswa, sing teras segar bugar jeung seuri ngeunah. > > Hahaha. Kabayang ari pendak bah Willy, sok loba seuri. >

