Sampurasun Bah Willy.... Eid Milaad Saeed...Wilujeng Milangkala.. Punten Mang Utas saparakanca nuju guntreng Bah...hehehehe mangga nyanggakeun, itung-itung kado.
"Lot...rek ngiluan moal ka Bah Willy?" "Ahh..Mang Utas mah moal enya pesbuk-pesbukan wae bet pamali sagala, yeuh Mang gaul mang..gaul.." tembal si Bolot bari anteng ngoprek henpon. "Aehh..lain pamali Lot...tapi rek milu moal ka Bah Willy...!" "Ohh..ka Bah Willy..?" "Heueuh ka Bah Willy..." tempas Mang Utas bari pepeta "Kunaon kitu Bah Willy? kawin deui Mang? pedah eta Amang mawa kado sagala." "Hussss...sok kamana karep ari cumarita teh, lain rek kawin, tapi Bah Willy teh ayeuna Milangkala." "Uluh di bumi Bah Willy aya Pa Jusuf Kalla? kabeneran atuh mang, uing rek barang penta ka Pa JK." "Looooooot...! ngobrol jeung maneh mah nyiar-nyiar pipaseaeun." "Kutan..Pa Sby oge aya nya?...wah hebat Bah Willy bisa ngahijikeun Capres di bumina...hmmm Mang ieu beja alus..urang abuskeun kana pesbuk uing..pasti loba komentar na pesbuk uing." "Aing lieur...ngomong jeung si Bolot...maneh deuih Riweuh..kolot lieur teh teu surti..!" "Ibu Mega Wati oge aya nya Mang...wah..wah.wah...gudnyus yeuh, urang abuskeun beritana kana pesbuk..pasti haneuteun pesbuk uing." tembal si Bolot bari curinghak bangun atoh. au "Teuing ah..saeutik-eutik pesbuk..saeutik-eutik pesbuk..nu puguh mah darah tinggi aing naek...Riweuh tah jelaskeun ka si Bolot." "Kang Bolot...ieu naon..?" cek si Riweuh bari nembongkeun amplop. "Wah..Riweuh maneh meunang amplop ti Capres?" "Husss..sanes Kang..pamali, geus teu usum kitu peta teh, yeuh bagean akang." cek si Riweuh bari ngasongkeun amplop ka si Bolot. "Naon ieu? bagean uing ieu teh..?" cek si Bolot bari kerewek ngarebut amplop. "Muhun sok eta bagean akang." tembal si Riweuh bari semu mesem. "Aeeehh....naha ieu mah Amplop akKosong..kamanakeun siah eusina!" "Har..ari kitu abdi masihan naon Kang?" tembal si Riweuh "Enya..Amplop..!" "Tuh nya maneh mah Lot..ari urusan amplop mah." saur Mang Utas mairan "Yeuh kang abdi mah da masihan akang teh amplop kosong." cek si Riweuh "Haar..keur nanahaon amplop kosong." "Eusian ku maneh Lot." tembal Mang Utas "Lah..uing mah biasana oge ngeusian pesbuk lain amplop Mang." "Pesbuk deui..pesbuk deui...hakan tah pesbuk." "Kang Bolot upami teu tiasa ngeusian amplop ku artos mah eusian atuh ku do'a ." "Ari kitu ieu amplop keur saha?" "Keur Bah Willy Lot.." "Har..kuduna Bah Willy anu masihan amplop ka uing atuh." "Matakna maneh mah cukup ngeusian ku dunga oge cukup Lot" "Kumaha mun ku sanjak we Mang?" "Kuma maneh we Lot..rek ku sajak..rek ku pesbuk terserah" "Atuh ulah ku sajak Kang, ku dunga we." sambung si Riweuh "He.he.. pan dunga mah bagean Mang Utas." "Cikan kumaha sajakna?" tanya si Riweuh "Ke urang toong dina Pesbuk..kamari geus ditulis dina pesbuk." "Hmmmm.. eta si Bolot teu aya kabosen nyebut pesbuk" "Haar..ari Mang Utas bieu nyebut.." "Teuing ah..." "Tah kieu sajak teh, judulna Huis, punten yeuh Bah Willy..bilih teu gaduh huis." HUIS Basa ukur hiji dua Sok Pareng dicabutan Basa Beuki Ngalobaan Umur teu bisa dibohongan Wilujeng Milangkala Baktos Bolot Tea...tatanggi Mang Utas anu caket bumina Jang Riweuh Rupina sakitu Bah.... Eid Milaad Saeed...Wilujeng Milangkala... Sing dipaparinan anugerah sehat lahir bathin, oge sing diparekeun rejekina..amin Salam Mang Utas Saparakanca --- In [email protected], "waluya2006" <waluya2...@...> wrote: > > Nuhun oge kang Kang Jay sareng Teh Ro2. Leres pisan keur loba kerung ieu teh. > Poe Minggu kamari kuring ka Sumedang, aya acara kulawarga ti pihak bapa. > Dulur-dulur misan nu jarang papanggih kumpul, ampir kabeh, ngan hanjakal > pisan acara kulawarga teh, ngahadiran ngurebkeun pamajikan kapilanceuk nu > ngantunkeun di Depok. Leuheung kumpul jeung dulur, dina acara "duka" ..... > > Baktosna, > WALUYA > > > "Roro Rohmah" <Roro.Rohmah@> wrote: > > Vivilueun ka Zay... > > Ngiring ngawilujengkeun Bah Wil... > > Mugia panjang yuswa... > > Sae Bah, masih tiasa kerung, hartosna masih keneh sehat heheh... > > > > ro2 > > > > >>> jay_tukangkompor@ 07/02/09 01:36PM >>> > > Wilujeng milangkala Bah.. > > mugia sehat, panjang yuswa... > > > > najan taun ieu loba "kerung", > > langkung sae tibatan loba "korong" > > heu heu > > > > -jay- > > >

