jadi rieur atuh, ceu... saha bae nu meunang, nu penting nagara bisa jadi leuwih alus. justru eta, salah sahiji nu nangtukeun jadi alus atawa gorengna nagara teh nyaeta saha nu mingpinna...
ngarah meunang gajih ka-13, eta mah kliseu ti gorombolan pagawe negri model jaman orba. anu hayang seuri mah sababaraha waktu ka tukang, cenah aya deklarasi dukungan ti IKAMRI ka SBY. Naon cikan IKAMRI? Ikatan Keluarga dan Menantu Pegawai Republik Indonesia! Aya wae-wae... Teu boga prestasi sorangan sugan mah, ngadon nyunyuhun status PNS kolot/mitoha.... 2009/7/2 Roro Rohmah > > Ah, ketang rek saha… rek saha… nu meunang ke pilpres nu penting mah nagara > urang bisa jadi leuwih alus kaayaanana batan nu enggeus-enggeus, boh nagara, > rakyat tur pamarentahanana. >

