Nya, pan bakat ku lieur tea, tadinamah uing teh neang siger tengah, hayang wijaksana-wijaksini... Deuih, masing uing milih hiji pasangan misalna "peace men!", ari rereana milih nu sejen kumaha? Jadi nya kitu *. Ikhlas rido keur korban merdeka hehehe* saha we nu meunang, tah kudu ngajalankeun amanah mawa Indonesia jadi leuwih alus. Kliseu teh lain nu sok diafdreuk tea nya? Alus atuh ari gajih ka-13 aya kliseuan mah bisa dikumbah (dicuci) tong PNS we nu meunangna, meh kabeh kabagean...hihiw..
ro2 >>> [email protected] 07/03/09 02:27PM >>> jadi rieur atuh, ceu... saha bae nu meunang, nu penting nagara bisa jadi leuwih alus. justru eta, salah sahiji nu nangtukeun jadi alus atawa gorengna nagara teh nyaeta saha nu mingpinna... ngarah meunang gajih ka-13, eta mah kliseu ti gorombolan pagawe negri model jaman orba. anu hayang seuri mah sababaraha waktu ka tukang, cenah aya deklarasi dukungan ti IKAMRI ka SBY. Naon cikan IKAMRI? Ikatan Keluarga dan Menantu Pegawai Republik Indonesia! Aya wae-wae... Teu boga prestasi sorangan sugan mah, ngadon nyunyuhun status PNS kolot/mitoha....

