Ngiringan ah*

"Nu atos parantos buktos" teu ngahaja uing maca eta slogan basa dina angkot 
bari dibarung ku nundutan, maklum tas kuli. Teuing ka saha eta kecap 
ditujukeunana da ceuk pikir teh, ti nomer 1 nepi ka 3 ge geus kungsi ngasaan 
jadi persiden atawa wapers. Tah, jadi geus barukti* angger kieu keneh-kieu 
keneh ningan* sangsara nagri teh heuheu*
Kieu we ari hayang milih nyontreng persiden/wapers nu bener mah, kade ulah lali 
3D tea, dilihat, diraba, ditrawang * duit meureun nya? Hihih*

Ah, tamba teu golput teuing jeung tipada lieur nangtukeun rek milih nu mana, 
uing mah rek make cara "kumaha ramena". Cara ieu teh ngaharib-harib ka 
"ngiringan". Mana-mana nu rame dipilih ku batur, tah eta nu rek dipilih ku 
uing. Pedahna mah, sok inget ka adi uing, mun ditanya nanaon teh sok 
ngajawab,"kumaha ramena weee*.". Balukarna teh jadi teu ngahesekeun nu nanya, 
langsung digawekeun. Tapi gorengna teh jalema model uing asupna ka jelema teu 
boga kahayang (ngaku). Bae, da ieu mah hak azasi warganegara lin? 

Wang teangan conto sejen, mun rek dahar di restoran, mun rame hartina eta 
restoran teh ngeunah pasakanana. Atawa tatamba ka dokter, mun tempat praktekna 
rame hartina matih bin tereh cageur*srrd. Iseng-iseng kamari ngayakeun voting 
di imah, nanya kanu jadi indung, ceunah mah rek nyontreng Gan Beye, alesanana 
mah meh nampa gajih ka 13 unggal taun, maklum tuda warakawuri. Kanu jadi adi, 
duanana "ngefans abis" ka dinya, boga kaosna sagala. Ka adi nu teu milu 
nyontreng alias jadi aparat, ngarojong bebeakan, da ceunah jaman bentang iklan 
Indomie teh lumayan bersih. Jadi, uing ge rek miluan kumaha ramena weee*

Sabenernamah uing rada kataji oge ku Mas Prabowo, ngarojong rahayat leutik 
patani jeung nelayan, ngomongna alus ningali kanyataan. Basa kamari nyepetan 
Pak Lek Budiono nu metakeun kahayangna yen rakyat Indonesia bakal dibawa 
kaditu* dibawa kadieu *pokonamah bakal pialuseun weh* dijawab ku si Mas, timana 
duitna? bener oge.

Ah, ketang rek saha* rek saha* nu meunang ke pilpres nu penting mah nagara 
urang bisa jadi leuwih alus kaayaanana batan nu enggeus-enggeus, boh nagara, 
rakyat tur pamarentahanana. 
Kade tong jiga lagu Kuburan nu disalenggorkeun tea :
Lupa, lupa*lupa*lupa* lupa lagi janjinyaaaaaa*.
Ingat, ingat*ingat*ingat* hanya ingat kursinya*

heheh,
ro2 



>>> [email protected] 07/01/09 04:02PM >>>
Nembe ngartos ayeuna mah,ngawitan mah rada aneh mj tos enjing2 nangtoskeun 
pilihana, sugan teh bade bodas, biasana mj sok sering dumasar kana 
realita,ngadukung anu merhatoskeun us .. Wilujeng mang.  

--- On Wed, 7/1/09, mj <[email protected]> wrote:


From: mj <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] jurus milih capres cawapres
To: [email protected]
Date: Wednesday, July 1, 2009, 5:05 AM


si kuring oge keluarga, lain kampanye ieu mah, rek milih JK leuwih ku alesan 
pribadi, pedah manehna (atawa atas nama manehna) ngirim kembang ucapan selamat 
ka kawinan adi bungsu. tangtu mangrupa kahormatan ka keluarga si kuring.  
jabanan JK teh de facto de jure, masih keneh Wakil Presiden RI . 

Kirim email ke