Ieu mah aanalisisan, tamba balik pabeubeurang Sacara pulitik, SBY pede ngajak Budhiono nu non partey jadi cawapresna. SBY milih pakar ekonomi ti batan pesenan partey. Hartina, bisa jadi kabinet kadua sby baris dieusi ku maranehna nu ahli dina widang sewang-sewangan di departemen nu aya.
ti 34 tokoh US eta nu diajukeun ku sababaraha organisasi kasundaan independen bisa jadi menteri, di luar urusan barangmaen nu pangkuatna jeung pangmungkina, juragan Iwan R Sulanjana. Sacara jabatan ayeuna, eta mayjen pur manten Pangdam Siliwangi jeung urut cawagub eleh pasangan Deny Setiawan, pan ketua Dewan Perwakilan Daerah (DPD) Partai Demokrat jawa barat. Ari jendral jadi menteri mah, bisa di depdagri, cara nu ayeuna. Malah Sby oge kungsi jadi mentamben jaman gusdur. Anapon Uu Rukmana, nu jadi ketua DPD Golkar, rada hese jadi menteri, alatan Golkar lain partey nu koalisi jeung Partai Demokrat. Kacuali SBY teu noong soal koalisi kaparteyan. Ari bangsaning profesor mah, duka tah. Dina bisa jadina, nya meureun Prof Sunaryo Kartadinata, rektor UPI, pantes jadi menteri pendidikan nasional. Da meureun manukna soal atikan mah. Sanajan cenah, loba partey nu ngincer posisi menteri eta.

