Jigana rada loba kejutan geura dina penyusunan Mentri, Kabinet anu jadi katoong ku kuring mah bakalan kabinet pelangi. Warna warni tea ti loba partey. Perkawis urang Sunda, aya anu jigana peluangna gede keur jadi Mentri, anjeunna aya di Ring 1 SBY. Namina teh MayJend (Purn) Yahya Sacawiria, anjeunna ketua Bappilu Partey Demokrat pas pileg kamari, trus kan raihan sora Demokrat hade, jigana bakalan dibere bales jasa lah. Jaba manehna teh babaturan sa lighting (bener kitu nulisna?) jeung SBY pas di AKABRI. Manehna oge anu jadi orang dibalik layar nu ngajadikeun Iwan Sulandjana jadi ketua DPD Demokrat Jabar.
MJ, Anton mah lain urang sunda. ngan pedah weh manehna dosen di IPB. -Bohay- 2009/7/10 mj <[email protected]> > > > Ieu mah aanalisisan, tamba balik pabeubeurang > > Sacara pulitik, SBY pede ngajak Budhiono nu non partey jadi cawapresna. SBY > milih pakar ekonomi ti batan pesenan partey. Hartina, bisa jadi kabinet > kadua sby baris dieusi ku maranehna nu ahli dina widang sewang-sewangan di > departemen nu aya. > > > > ti 34 tokoh US eta nu diajukeun ku sababaraha organisasi kasundaan > independen bisa jadi menteri, di luar urusan barangmaen > > nu pangkuatna jeung pangmungkina, juragan Iwan R Sulanjana. Sacara jabatan > ayeuna, eta mayjen pur manten Pangdam Siliwangi jeung urut cawagub eleh > pasangan Deny Setiawan, pan ketua Dewan Perwakilan Daerah (DPD) Partai > Demokrat jawa barat. Ari jendral jadi menteri mah, bisa di depdagri, cara nu > ayeuna. Malah Sby oge kungsi jadi mentamben jaman gusdur. > > > > Anapon Uu Rukmana, nu jadi ketua DPD Golkar, rada hese jadi menteri, alatan > Golkar lain partey nu koalisi jeung Partai Demokrat. Kacuali SBY teu noong > soal koalisi kaparteyan. > > > > Ari bangsaning profesor mah, duka tah. Dina bisa jadina, nya meureun Prof > Sunaryo Kartadinata, rektor UPI, pantes jadi menteri pendidikan nasional. Da > meureun manukna soal atikan mah. Sanajan cenah, loba partey nu ngincer > posisi menteri eta. > > > >

