Perkara Pa Sunaryo panuju, katoongna rada gede peluangna. Jadi rektor di UPI-na oge ku sabab meunang dukungan Menteri Bambang Sudibyo (nu harita jadi MWA/Majelis Wali Amanat), bobot sora Menteri di MWA 35%, sedeng harita Bambang Sudibyo ti PAN, Pa Rektor Sunaryo jigana boga hubungan jeung PAN. Muhammadiyah keur meunang kapercayaan pikeun ngokolakeun atikan di nagara urang, meureun, alesanna, rea nu ngajanggelek hasilna. Jaba PAN teh partai koalisina Demokrat. Duka tah, da ieu korsi teh jadi rebutan partai-partai islam koalisi, kaasup PKS meureun.
Baktos -AG- ________________________________ From: mj <[email protected]> To: [email protected] Sent: Friday, July 10, 2009 1:37:51 PM Subject: [Urang Sunda] noon pimentrieun ti 34 tokoh tea... Ieu mah aanalisisan, tamba balik pabeubeurang Sacara pulitik, SBY pede ngajak Budhiono nu non partey jadi cawapresna. SBY milih pakar ekonomi ti batan pesenan partey. Hartina, bisa jadi kabinet kadua sby baris dieusi ku maranehna nu ahli dina widang sewang-sewangan di departemen nu aya. ti 34 tokoh US eta nu diajukeun ku sababaraha organisasi kasundaan independen bisa jadi menteri, di luar urusan barangmaen nu pangkuatna jeung pangmungkina, juragan Iwan R Sulanjana. Sacara jabatan ayeuna, eta mayjen pur manten Pangdam Siliwangi jeung urut cawagub eleh pasangan Deny Setiawan, pan ketua Dewan Perwakilan Daerah (DPD) Partai Demokrat jawa barat. Ari jendral jadi menteri mah, bisa di depdagri, cara nu ayeuna. Malah Sby oge kungsi jadi mentamben jaman gusdur. Anapon Uu Rukmana, nu jadi ketua DPD Golkar, rada hese jadi menteri, alatan Golkar lain partey nu koalisi jeung Partai Demokrat. Kacuali SBY teu noong soal koalisi kaparteyan. Ari bangsaning profesor mah, duka tah. Dina bisa jadina, nya meureun Prof Sunaryo Kartadinata, rektor UPI, pantes jadi menteri pendidikan nasional. Da meureun manukna soal atikan mah. Sanajan cenah, loba partey nu ngincer posisi menteri eta.

