"Nyandung jeung Udud" dua hal nu matak leuwih rame.
Kurang leuwih 3 taun kuring ngiluan ieu milis, nepi ka ganti email khusus keur 
milis. ngan beh dieu na ken jarang ulu biung jeung nu dicaturkeun kusabab 
pekepuk ku karipuh, ukur noongan jeung noongan wae. Sakapeung seuri nyenghel 
mun aya nu pikalucueun, sakapeung nyeak mun aya pendapat nu teu panuju, da 
biasa sing saha wae oge aya rasa ka panas mah, sabab kahayang na mah sakabeh 
oge pikiran na kudu sarua jeung sapamadegan. Tapi pan teu kitu, beda jalma beda 
deui eusina, tah hal ieu nu matak rame teh. Ceuk kuring, keun wae rame mah...
Malahan sakapeung mah sok hayang ngawayohan kanu keur parasea ambeh rada leuwih 
rame, nu kieu meureun nu disebut provokator. 
Balik deui ka udud jeung nyandung,
Tukang udud, tangtu hayang aya nu ngabela kana karesepna, tangtu bakal ambek 
mun disebut karesepna na disebutkeun 'haram', tukang nyandung tangtu bakal 
bungah mun disebutkeun ngalaksanakeun sunnah rosul.
Rupa2 lah.
Nepi ka beh deu na keun loba anggota nu kalaluar alatan dua hal eta, pagisrik 
alatan ngabela pamadegan masing-masing. Padahal dua topik ieu geus sabaraha 
puluh kalina dipadungdengkeun, asana teu beak-beak...
Ta[i ketang, Ceuk kuring ieu mah, mendingan rame daripada tiiseun, asal 
madungdengkeun na ilmiah jeung teu asal ceplak, dipikir nu lantip, syukur2 mun 
nyutat ti hukum2 na.
Coba mun dipikir, mun ieu milis tiiseun keur naon? teu resep asa jiga di 
kuburan.
Tah kumargi kitu, mangga urang teraskeun perkawis diluhur.."NYandung jeung udud"
sok lah....
Nyandung.....nyandung...nyandung...mangga
udud..udud...udud... mangga
 
"Ngabahas naon ieu teh, asa teu pararuguh ujur puhuna!"
"Teuing, cenah udud jeung nyandung, moal enya kudu dikawinkeunmah"
 


      

Kirim email ke