Kang Dadi linggih dimana sareng damel naon?
Maksud si kuring teh, salaku kuncen, asa langkung hade, mun kang Dadi ngadongeng perkara nu jadi karesep atawa pagawean atawa naon bae nu meureun bisa mere pangaweruh kanu sejen. Kaasup pangalaman nu kira-kira bisa diala hikmahna. Boh soal kasundaan atawa kahirupan nu leuwih jembar liana. Silih simbeuhan. Ulah ngan hayeuh we ngajak wadul soal udud jeung nyandung. Urang sunda teh enya, ari kitu mah, enya, deet pisan pikiranana ari kitu mah. Ngan ukur birahi jeung parahi jeung panyawat udud. Masih legana keneh jejer atawa topik nu rek dibahas atawa dicemplungkeun ka milis. Lain ngan ukur soal udud jeung nyandung. Udud teh dikitu kieu oge keukeuh teu hade. Ngan teu kudu ngingetan bari ngabelegug-belegug kanu udud. Da nu udud ge arapaleun. Soal rame jeung tiiseun, eta mah kakapeungan. Da meureun urang masing-masing baroga pakasaban, marake internet teh kalolobana mah di kantor, mimilisan kieu teu pakait jeung urusan kantor masing-masing. Sacara etika jujur mah, kaasup korupsi waktu gawe jeung energi kantor. _____ From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Dadi Kurniadi Sent: Friday, July 17, 2009 10:43 AM To: milist sunda Subject: [Urang Sunda] UDUD jeung NYANDUNG... "Nyandung jeung Udud" dua hal nu matak leuwih rame. Kurang leuwih 3 taun kuring ngiluan ieu milis, nepi ka ganti email khusus keur milis. ngan beh dieu na ken jarang ulu biung jeung nu dicaturkeun kusabab pekepuk ku karipuh, ukur noongan jeung noongan wae. Sakapeung seuri nyenghel mun aya nu pikalucueun, sakapeung nyeak mun aya pendapat nu teu panuju, da biasa sing saha wae oge aya rasa ka panas mah, sabab kahayang na mah sakabeh oge pikiran na kudu sarua jeung sapamadegan. Tapi pan teu kitu, beda jalma beda deui eusina, tah hal ieu nu matak rame teh. Ceuk kuring, keun wae rame mah... Malahan sakapeung mah sok hayang ngawayohan kanu keur parasea ambeh rada leuwih rame, nu kieu meureun nu disebut provokator. Balik deui ka udud jeung nyandung, Tukang udud, tangtu hayang aya nu ngabela kana karesepna, tangtu bakal ambek mun disebut karesepna na disebutkeun 'haram', tukang nyandung tangtu bakal bungah mun disebutkeun ngalaksanakeun sunnah rosul. Rupa2 lah. Nepi ka beh deu na keun loba anggota nu kalaluar alatan dua hal eta, pagisrik alatan ngabela pamadegan masing-masing. Padahal dua topik ieu geus sabaraha puluh kalina dipadungdengkeun, asana teu beak-beak... Ta[i ketang, Ceuk kuring ieu mah, mendingan rame daripada tiiseun, asal madungdengkeun na ilmiah jeung teu asal ceplak, dipikir nu lantip, syukur2 mun nyutat ti hukum2 na. Coba mun dipikir, mun ieu milis tiiseun keur naon? teu resep asa jiga di kuburan. Tah kumargi kitu, mangga urang teraskeun perkawis diluhur.."NYandung jeung udud" sok lah.... Nyandung.....nyandung...nyandung...mangga udud..udud...udud... mangga "Ngabahas naon ieu teh, asa teu pararuguh ujur puhuna!" "Teuing, cenah udud jeung nyandung, moal enya kudu dikawinkeunmah"

