geus udud dei wae...
Cing atuh perkara ududmah ulah di adurenyomkeun deui...
nu udud, sok arudud. atuh nu tara udud ulah rek pipilueun udud.




2009/7/17, Dadi Kurniadi <[email protected]>:
>
>
>
>   "Nyandung jeung Udud" dua hal nu matak leuwih rame.
> Kurang leuwih 3 taun kuring ngiluan ieu milis, nepi ka ganti email khusus
> keur milis. ngan beh dieu na ken jarang ulu biung jeung nu dicaturkeun
> kusabab pekepuk ku karipuh, ukur noongan jeung noongan wae. Sakapeung seuri
> nyenghel mun aya nu pikalucueun, sakapeung nyeak mun aya pendapat nu teu
> panuju, da biasa sing saha wae oge aya rasa ka panas mah, sabab kahayang na
> mah sakabeh oge pikiran na kudu sarua jeung sapamadegan. Tapi pan teu kitu,
> beda jalma beda deui eusina, tah hal ieu nu matak rame teh. Ceuk kuring,
> keun wae rame mah...
> Malahan sakapeung mah sok hayang ngawayohan kanu keur parasea ambeh rada
> leuwih rame, nu kieu meureun nu disebut provokator.
> Balik deui ka udud jeung nyandung,
> Tukang udud, tangtu hayang aya nu ngabela kana karesepna, tangtu bakal
> ambek mun disebut karesepna na disebutkeun 'haram', tukang nyandung tangtu
> bakal bungah mun disebutkeun ngalaksanakeun sunnah rosul.
> Rupa2 lah.
> Nepi ka beh deu na keun loba anggota nu kalaluar alatan dua hal eta,
> pagisrik alatan ngabela pamadegan masing-masing. Padahal dua topik ieu geus
> sabaraha puluh kalina dipadungdengkeun, asana teu beak-beak...
> Ta[i ketang, Ceuk kuring ieu mah, mendingan rame daripada tiiseun, asal
> madungdengkeun na ilmiah jeung teu asal ceplak, dipikir nu lantip, syukur2
> mun nyutat ti hukum2 na.
> Coba mun dipikir, mun ieu milis tiiseun keur naon? teu resep asa jiga di
> kuburan.
> Tah kumargi kitu, mangga urang teraskeun perkawis diluhur.."NYandung jeung
> udud"
> sok lah....
> Nyandung.....nyandung...nyandung...mangga
> udud..udud...udud... mangga
>
> "Ngabahas naon ieu teh, asa teu pararuguh ujur puhuna!"
> "Teuing, cenah udud jeung nyandung, moal enya kudu dikawinkeunmah"
>
>
> 
>

Kirim email ke