kuringmah kakara ayeuna ngadenge oncom pasireungit teh. da nu kuring apal mah nya oncom anu ti pasar Cikuubuk (tasik) we, duka ari tempat nyieunamah. duka ti pasirreungit duka ti pasir gajah. Tah ngeunaan oncom bandung, kuring waktu masih jadi tukang KULI-AH pernah mawa ti bandung jangeun babaturan di semarang. cenah indungna hayang ngasaan oncom bandung. nya kuring teh meuli we ti Pasar Antri, duka oncom bandung duka lain. Da nu pentingmah ngarana ONCOM di bawa ti Bandung. Cenah mah oncomna ngeunah pisan. Padahal kuring oge teu apal mana oncom bandung asli atawa oncom bandung imitasi.
Mmmm.......... Inget ayeunamah, kuring pernah dahar di Warung nasi di Jl. Pajajaran bandung (WR. Ma Uneh) mun teu salahmah. Eta kuring jeung babturan urang Bali da meni nambah ngadahar sambel oncom jeung leunca. Edan suganmah eta bakat ku ngeunah.. Sok dipedar atuh ngeunaan oncom teh. jangdede-hayang oncom! 2009/7/17, Roro Rohmah <[email protected]>: > > > > Nyeta MH, kabeneran teu pati apal kana masalah per-Oncom-an teh. Nu uing > nyaho, > Oncom Pasireungit mah kelirna hawuk, wangunna deple kira-kira 2 cm, > kacangna lemes (cocog keur nu nyeri huntu atawa teu boga huntu kayaning > inin2 & aki2). Rasana leuwih pelem. Ari oncom Bandung mah kelirna oranyeu, > kacangna bolotot.com baradags keneh. Rasana semu-semu pait khas oncom. > Wangunna kandel bin kedewil (5 cm). Dibandingkeun jeung Oncom Bandung, harga > oncom Pasireungit mah rada mahal, ceuk MJ ge duit mah tara ngabobodo. Keur > di lembur keneh mah, samemeh nyieun comro, indung uing sok nanya heula, rek > make oncom naon? tangtoz…oncom Pasireungit! > > ro2 > ke sugan iraha2 rek motoan oncom Pasireungit ah… > pan kudu dikaji & diinformasikeun heuheu... > > > >>> [email protected] 07/17/09 07:27AM >>> > Teh Roro, oge baraya Sumedang sejenna. > Cing ngadongeng naon tah khas-na oncom Pasirreungit > dibandingkeun oncom sejenna. > (mh) > > >

