Sabenerna teu kudu dipertengtangkeun. Sabab eta tulisan opini hiji manusa nu
kungsi kitu. Jadi keun bae atuh. Ongkoh sacara konteks, eta ti majalah
pasantren,

Tangtu leuwih nembongkeun sistem pedagogi pasantren. Boa oge, pasantren
tradisional jaman si kuring nu memang ngan ukur diajar elmuning agama, da
elmu sejen mah di sakola umum tea, sd, smp, sma (sebut we model atikan
barat). Ayeuna pasantren muka sistem pendidikan barat eta. Pikeun
ngabedakeunanan, make basa arab, cara tsanawiyah (asana SMP), aliyah (SMA)
tea. Model atikan barat oge sabenerna akarna ti agama (katolik) kaasup aya
model mondok (asrama, boarding school). Malah sakola katolik baheulana,
puritan oge, istri pameget dipisah.

 

Yen ajaran pasantren leuwih nerap nya, dina kasus ieu,  kudu kitu sabab
lumpatna pikeun etika bin moral ajaran pikeun ngalakonan hidup sapopoe. Komo
perkara halal haram mah. Jero-jerona tauhid kaimanan.  Soal eta paling jero.
Apan masjid tujuan nu naek haji oge, masjid haram di mekkah. Haha

 

Sedeng ari palajaran sakola mah, sawareh, lumpatna kana kamekaran wawasan
pangaweruh bin intelektual. Jeung deuih, perkara matematika, sanajan di
urang ayeuna aya nu jadi juara olimpiade,  sacara umum, asana, matematika
mata pelajaran nu dipikasieun da otakna marintul, siga si kuring. Heuheu. 

 

Poho deui, ari asal usul model pasantren timana? Sigana ti model padepokan.

Kirim email ke