Hehehe, aya nu rada prinsip dina eta artikel teh. Nyaeta masalah metodologis. Nu nulis nyoba ngabandingkeun dua metode pangajaran, di pasantren jeung di sakola umum. Nu jadi masalah, dina nyokot kasus pikeun babandingan milih dua domain nu beda karakteristikna, nyaeta pangaweruh nu sifatna numerikal (sabangsaning matematika jeung balad-baladna) jeung pangaweruh nu sifatna verbal (sabangsaning apal-apalan perkara susuci jeung batur-baturna). Numatak hasil kasimpulanana rada kurang keuna. Hadena upama rek ngabandingkeun dua metode pangajaran, milih domain nu sarua alias homogen. Contona, ngabandingkeun pangaweruh verbal (apal-apalan jeung sajabana) hasil pangajaran di sakola umum jeung pasantren. Atawa ngabandingkeun pangaweruh numerikal (nu pakaiat jeung angka jeung sajabana) hasil pangajaran di sakola umum jeung pasantren.
Ceuk ujaring carita, kamampuan nginget jalma dina widang pangaweruh numerikal beda pisan jeung kamampuan nginget dina widang verbal. Cenah jalma cenderung leuwih gampang nginget-nginget pangaweruh verbal tinimbang numerikal. Contona gampang pisan ditoong. Geura coba jurus ieu: Jurus 1: Sadiakeun keretas salambar jeung pulpen. Terus reup peureum sakeudeung. Ayeuna tuliskeun 10 ngaran jalma nu urang kenal. Hasilna ampir kabeh jalma bakal bisa nuliskeun ngaran 10 jalma, malah tangtu leuwih ti 10 oge bisa. Jurus 2: Reup deui peureum sakeudeung. Ayeuna tuliskeun 10 nomor telepon nu urang apal. Asana moal nyalahan, tinangtu moal pati loba jalma nu bisa ngalakukeun hal ieu. Tah cenah eta teh nuduhkeun yen pangaweruh verbal leuwih gampang diinget tinimbang pangaweruh numerikal. Balik deui kana artikel tadi, tah nu jadi masalah teh taya lian, kurang pas dina milih domain kasus toonganana. (mh) 2009/7/17 mj <[email protected]>: > > > Sabenerna teu kudu dipertengtangkeun. Sabab eta tulisan opini hiji manusa nu > kungsi kitu. Jadi keun bae atuh. Ongkoh sacara konteks, eta ti majalah > pasantren, > > Tangtu leuwih nembongkeun sistem pedagogi pasantren. Boa oge, pasantren > tradisional jaman si kuring nu memang ngan ukur diajar elmuning agama, da > elmu sejen mah di sakola umum tea, sd, smp, sma (sebut we model atikan > barat). Ayeuna pasantren muka sistem pendidikan barat eta. Pikeun > ngabedakeunanan, make basa arab, cara tsanawiyah (asana SMP), aliyah (SMA) > tea. Model atikan barat oge sabenerna akarna ti agama (katolik) kaasup aya > model mondok (asrama, boarding school). Malah sakola katolik baheulana, > puritan oge, istri pameget dipisah. > > > > Yen ajaran pasantren leuwih nerap nya, dina kasus ieu, kudu kitu sabab > lumpatna pikeun etika bin moral ajaran pikeun ngalakonan hidup sapopoe. Komo > perkara halal haram mah. Jero-jerona tauhid kaimanan. Soal eta paling jero. > Apan masjid tujuan nu naek haji oge, masjid haram di mekkah. Haha > > > > Sedeng ari palajaran sakola mah, sawareh, lumpatna kana kamekaran wawasan > pangaweruh bin intelektual. Jeung deuih, perkara matematika, sanajan di > urang ayeuna aya nu jadi juara olimpiade, sacara umum, asana, matematika > mata pelajaran nu dipikasieun da otakna marintul, siga si kuring. Heuheu. > > > Poho deui, ari asal usul model pasantren timana? Sigana ti model padepokan. > >

