Alhamdulillah, ngiring bingah kang, manawi sukses tur lancar sagala rupina anu 
di pimaksad, ngabantos ku 
do' a ti sim kuring, amiin...
Pamendak sim kuring, sasih september - december mah, teu acan tiris pisan kang, 
punten bilih lepat, namung saur beja, eta teh nembe pejalana dari summer ka 
winter, janten mudah2an weh teu tiris teuing upami...
Summer==>Autum==>Winter mah........

K Nata




________________________________
From: mj <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, 28 July, 2009 12:34:15 PM
Subject: [Urang Sunda] rek nyaba ka walanda

  
 
 
Minggu kamari meunang telepon ti sakola cap gajah diuk. Yen si kuring lolos 
tahap seleksi sandwich program, sakola sasamester di universiteit leiden 
walanda. Program nu pakait jeung panalungtikan si kuring di program doktor di 
senirupa itb. Meunang Letter of Acceptance, sarat utama bisa kuliah di hiji 
kampus luar, ti Prof Peter Nas – pakar sosiologi urban, kungsi nulis perkara 
tiga generasi arsitek di aceh, dina buku ngeunaan endosya (dina buku eta, 
robert wessing nulis ngeunaan tempat & kaitanana jeung mitologi sunda)
 
Rencana mah bari milu kuliah prof nas, urban symbolism, oge bari maluruh naskah 
sunda di KITLV, sugan bisa kabaca jeung aya versi inggris jeung sundana 
kaharti, perkara estetika sunda, beh dieuna, soal parabot tradisional sunda 
pikeun wawadahan pare, beas sangu. Sugan we walanda kungsi nalungtik 
paparabotan tradisional sunda nu make teori C.A van Peursen mah warisan budaya 
mitis tea.
 
Rencana kuliah ti bulan September-Desember 2009. ti balik jeung basa ka denmark 
, nu ti januari-juli. Mudah2an winter di walanda mah teu tiris teuing siga di 
negri viking nu nepi ka 20C handapen enol.
 
Rada melang ninggalkeun budak dua nu keur kembang buruan ieu teh. Sugan we 
tabah da ongkoh teu lila, ngan opat bulan. Teu bisa dibawa da beasiswana pikeun 
soranganeun.
 
Tah ka baraya nu di Leiden , rek mihape sare samester, nuhun mun tiasa 
nuduhkeun tempat kos. Beja terusna keur nunggu ti dikti, nu mere beasiswana. 
Sugan we diuruskeun visa jeung sajabana.
__._,_..___
Messages in this topic (1) Reply (via web post) | Start a new topic 
Messages | Files | Photos | Calendar 
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

MARKETPLACE
Mom Power: Discover the community of moms doing more for their families, for 
the world and for each other 
 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to 
Traditional 
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe 
Recent Activity
        *  4
New Members
        *  3
New PhotosVisit Your Group 
Ads on Yahoo!
Learn more now.
Reach customers
searching for you.
Y! Messenger
Group get-together
Host a free online
conference on IM.
Group Charity
California Pet
Rescue: Furry
Friends Rescue
. 




      
____________________________________________________________________________________
Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere.
Show me how: http://au.mobile.yahoo.com/mail

Kirim email ke