Lamun ka Amsterdam, heug teu ulin ka " Red Light District", wah asa teu ka 
Walanda.
Sok geura. tapi ulah ancrub, nya. Noongan wungkul we.
Sok lah Wilujeng.
Tong hilap oleh2na

--- On Tue, 7/28/09, mj <[email protected]> wrote:


From: mj <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] rek nyaba ka walanda
To: [email protected]
Date: Tuesday, July 28, 2009, 11:34 AM


  





 
 
Minggu kamari meunang telepon ti sakola cap gajah diuk. Yen si kuring lolos 
tahap seleksi sandwich program, sakola sasamester di universiteit leiden 
walanda. Program nu pakait jeung panalungtikan si kuring di program doktor di 
senirupa itb. Meunang Letter of Acceptance, sarat utama bisa kuliah di hiji 
kampus luar, ti Prof Peter Nas – pakar sosiologi urban, kungsi nulis perkara 
tiga generasi arsitek di aceh, dina buku ngeunaan endosya (dina buku eta, 
robert wessing nulis ngeunaan tempat & kaitanana jeung mitologi sunda)
 
Rencana mah bari milu kuliah prof nas, urban symbolism, oge bari maluruh naskah 
sunda di KITLV, sugan bisa kabaca jeung aya versi inggris jeung sundana 
kaharti, perkara estetika sunda, beh dieuna, soal parabot tradisional sunda 
pikeun wawadahan pare, beas sangu. Sugan we walanda kungsi nalungtik 
paparabotan tradisional sunda nu make teori C.A van Peursen mah warisan budaya 
mitis tea.
 
Rencana kuliah ti bulan September-Desember 2009. ti balik jeung basa ka denmark 
, nu ti januari-juli. Mudah2an winter di walanda mah teu tiris teuing siga di 
negri viking nu nepi ka 20C handapen enol.
 
Rada melang ninggalkeun budak dua nu keur kembang buruan ieu teh. Sugan we 
tabah da ongkoh teu lila, ngan opat bulan. Teu bisa dibawa da beasiswana pikeun 
soranganeun.
 
Tah ka baraya nu di Leiden , rek mihape sare samester, nuhun mun tiasa 
nuduhkeun tempat kos. Beja terusna keur nunggu ti dikti, nu mere beasiswana. 
Sugan we diuruskeun visa jeung sajabana.















      

Kirim email ke