wilujeng mj, kuring mah bati kabitana we. diantos oleh-olehna nu munel,
utamina mah hasil asruk-asrukan di kitlv. oge panalungitkan estetika sundana
sing tereh anggeus, tereh kapurak hasilna ku model jalma jiga uing (nu
tangtuna geus dibuku-populerkeun--dinovelkeun deui?, da ari kudu maca hasil
nulis doktor teh sok teu wasa. tara kataekan heuheu)
bral mang (najan bubulanan keneh ge), ukur pidua nu bisa dijajapkeun ku alo
mah. jeung eta kumaha paspor tos beres? :)

alo duq

:D

2009/7/28 mj <[email protected]>

>
>
>
>
>
>
> Minggu kamari meunang telepon ti sakola cap gajah diuk. Yen si kuring lolos
> tahap seleksi sandwich program, sakola sasamester di universiteit leiden
> walanda. Program nu pakait jeung panalungtikan si kuring di program doktor
> di senirupa itb. Meunang Letter of Acceptance, sarat utama bisa kuliah di
> hiji kampus luar, ti Prof Peter Nas – pakar sosiologi urban, kungsi nulis
> perkara tiga generasi arsitek di aceh, dina buku ngeunaan endosya (dina buku
> eta, robert wessing nulis ngeunaan tempat & kaitanana jeung mitologi sunda)
>
>
>
> Rencana mah bari milu kuliah prof nas, urban symbolism, oge bari maluruh
> naskah sunda di KITLV, sugan bisa kabaca jeung aya versi inggris jeung
> sundana kaharti, perkara estetika sunda, beh dieuna, soal parabot
> tradisional sunda pikeun wawadahan pare, beas sangu. Sugan we walanda kungsi
> nalungtik paparabotan tradisional sunda nu make teori C.A van Peursen mah
> warisan budaya mitis tea.
>
>
>
> Rencana kuliah ti bulan September-Desember 2009. ti balik jeung basa ka
> denmark, nu ti januari-juli. Mudah2an winter di walanda mah teu tiris teuing
> siga di negri viking nu nepi ka 20C handapen enol.
>
>
>
> Rada melang ninggalkeun budak dua nu keur kembang buruan ieu teh. Sugan we
> tabah da ongkoh teu lila, ngan opat bulan. Teu bisa dibawa da beasiswana
> pikeun soranganeun.
>
>
>
> Tah ka baraya nu di Leiden, rek mihape sare samester, nuhun mun tiasa
> nuduhkeun tempat kos. Beja terusna keur nunggu ti dikti, nu mere beasiswana.
> Sugan we diuruskeun visa jeung sajabana.
>
>  
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke