Almarhum Lamsijan kakara wafat saminggu, manehna diajak jalan-jalan di akherat ku malaikat, keur ngawanohkeun kana lingkungan anyarna.
Di hiji tempat Lamsijan nempo aya nu disiksa, aya nu digebugan, aya nu diduruk ku seuneu naraka, pokona mah sagala siksaan nu moal kabayangkeun. Sanggeus disiksa maranehna paeh, tapi teu kungsi lila hirup deui. Der deui disiksa. Kitu we bulak-balik. Lamsijan nanya ka malaikat: "Tempat naon ieu teh, mani pikasieuneun jeung pikagilaeun kieu?" "Eta teh nu aranna naraka", ceuk malaikat, "Tempatna jalma-jalma nu samangsa hirupna pagaweanana maok, jinah, korupsi jeung pagawean-pagawean dosa sejenna". "Oh kitu?", ceuk si Lamsijan bari ngabirigidig. Manehna terus diajak deui ka tempat-tempat panyiksaan nu sejenna, nepi ka hiji tempat waktu Lamsijan nempo sababaraha urang teroris nu maot di tembak pulisi. Didinya si Lamsijan ningali para teroris teh dibaturan ku awewe-awewe nu gareulis ditaranjang, dihibur ku sora musik nu ngeunaheun, dina meja rupa-rupa kadahareun nu ngeunah ngajalagrag. Si Lamsijan nanyakeun: "Malaikat, tempat itu naon namina?" "Oh eta mah sawargana kaum teroris", ceuk malaikat teh. Si Lamsijan bati neureuy ciduh, bakating ku kabita, tapi terus diajak deui nempoan tempat nu sejen. Kakara ge sapuluh menit, na ari beledug teh sora bom, tepi ka si Lamsijan tijongjolong bakating ku reuwas. "Malaikat eta soanten naon?" "Sora bom di sawarga teroris, unggal sapuluh menit sawargana teroris teh dibeledugkeun!" [Sumber: Humor.com] WALUYA

