--- In [email protected], "waluya2006" <waluya2...@...> wrote:
>
> Almarhum Lamsijan kakara wafat saminggu, manehna diajak jalan-jalan di
> akherat ku malaikat, keur ngawanohkeun kana lingkungan anyarna.
>
> Di hiji tempat Lamsijan nempo aya nu disiksa, aya nu digebugan, aya nu
> diduruk ku seuneu naraka, pokona mah sagala siksaan nu moal kabayangkeun.
> Sanggeus disiksa maranehna paeh, tapi teu kungsi lila hirup deui. Der deui
> disiksa. Kitu we bulak-balik.
>
> Lamsijan nanya ka malaikat: "Tempat naon ieu teh, mani pikasieuneun jeung
> pikagilaeun kieu?"
>
> "Eta teh nu aranna naraka", ceuk malaikat, "Tempatna jalma-jalma nu samangsa
> hirupna pagaweanana maok, jinah, korupsi jeung pagawean-pagawean dosa
> sejenna".
>
> "Oh kitu?", ceuk si Lamsijan bari ngabirigidig. Manehna terus diajak deui ka
> tempat-tempat panyiksaan nu sejenna, nepi ka hiji tempat waktu Lamsijan
> nempo sababaraha urang teroris nu maot di tembak pulisi.
>
> Didinya si Lamsijan ningali para teroris teh dibaturan ku awewe-awewe nu
> gareulis ditaranjang, dihibur ku sora musik nu ngeunaheun, dina meja
> rupa-rupa kadahareun nu ngeunah ngajalagrag. Si Lamsijan nanyakeun:
> "Malaikat, tempat itu naon namina?"
>
> "Oh eta mah sawargana kaum teroris", ceuk malaikat teh.
>
> Si Lamsijan bati neureuy ciduh, bakating ku kabita, tapi terus diajak deui
> nempoan tempat nu sejen. Kakara ge sapuluh menit, na ari beledug teh sora
> bom, tepi ka si Lamsijan tijongjolong bakating ku reuwas. "Malaikat eta
> soanten naon?"
>
> "Sora bom di sawarga teroris, unggal sapuluh menit sawargana teroris teh
> dibeledugkeun!"
>
> [Sumber: Humor.com]
>
> WALUYA
>
Ckckckckckck....Rupa-rupa wae nu ngadamel bodor teh.