Huahuahua,,,sia kang pinter ngarang bobodoran nana...........



________________________________
From: waluya2006 <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, 12 August, 2009 1:03:02 PM
Subject: [Urang Sunda] (4S) Sawarga Teroris

  
Almarhum Lamsijan kakara wafat saminggu, manehna diajak jalan-jalan di akherat 
ku malaikat, keur ngawanohkeun kana lingkungan anyarna.

Di hiji tempat Lamsijan nempo aya nu disiksa, aya nu digebugan, aya nu diduruk 
ku seuneu naraka, pokona mah sagala siksaan nu moal kabayangkeun. Sanggeus 
disiksa maranehna paeh, tapi teu kungsi lila hirup deui. Der deui disiksa. Kitu 
we bulak-balik.

Lamsijan nanya ka malaikat: "Tempat naon ieu teh, mani pikasieuneun jeung 
pikagilaeun kieu?"

"Eta teh nu aranna naraka", ceuk malaikat, "Tempatna jalma-jalma nu samangsa 
hirupna pagaweanana maok, jinah, korupsi jeung pagawean-pagawean dosa sejenna".

"Oh kitu?", ceuk si Lamsijan bari ngabirigidig. Manehna terus diajak deui ka 
tempat-tempat panyiksaan nu sejenna, nepi ka hiji tempat waktu Lamsijan nempo 
sababaraha urang teroris nu maot di tembak pulisi.

Didinya si Lamsijan ningali para teroris teh dibaturan ku awewe-awewe nu 
gareulis ditaranjang, dihibur ku sora musik nu ngeunaheun, dina meja rupa-rupa 
kadahareun nu ngeunah ngajalagrag. Si Lamsijan nanyakeun: "Malaikat, tempat itu 
naon namina?"

"Oh eta mah sawargana kaum teroris", ceuk malaikat teh.

Si Lamsijan bati neureuy ciduh, bakating ku kabita, tapi terus diajak deui 
nempoan tempat nu sejen. Kakara ge sapuluh menit, na ari beledug teh sora bom, 
tepi ka si Lamsijan tijongjolong bakating ku reuwas. "Malaikat eta soanten 
naon?"

"Sora bom di sawarga teroris, unggal sapuluh menit sawargana teroris teh 
dibeledugkeun! "

[Sumber: Humor.com]

WALUYA





      
__________________________________________________________________________________
Find local businesses and services in your area with Yahoo!7 Local.
Get started: http://local.yahoo.com.au

Kirim email ke