pertanyaannya, nepi kamana purah ngeutik ulang bisa ngomean kecap? di kaca
352 aya entri model kieu: papegon, papelakan, papolah, papotongan. parangsa
mah eta teh sarupa jeung: papagon, pepelakan, popolah, popotongan. naha nu
samodel kieu ge kaci diome?
terus kuring mah rumasa can nyaho nu ngaranna kecap baku basa sunda, hal ieu
jadi masalah mangsa kuring kudu ngome, misalna, /puachi/. ieu kecap
kapanggih dina entri /para/. mun make paparangsaan (susuganan--heuheu)
kuring mah puachi di dinya sarua jeung /pohaci/, tah di dieu masalahna, naha
kuring ngaganti /puachi/ teh ku /puaci/ atawa /pohaci/?

sakitu heula mang

d

2009/8/26 mh <[email protected]>

>
>
> Kang Dud, jigana wae leuwih hade diomean terus we ti awal keneh,
> numutkeun logik jeung rasa basa urang salaku panutur basa Sunda
> pituin (native speaker). Anapon koreksi engkena, eta mah keur nyarungsum
> nu kurang we. Ari sababna mah, apan eta kamus teh keur bacaeun jalma
> jaman kiwari.
>
> Upama aya pamendak sanesna, mangga diskusikeun wae.
>
> nuhun,
> mh
>
>
> 2009/8/26 ua duq <[email protected]>
>
>>
>>
>> hihi kieu caritana mah mang, kuring nyalin sakumaha nu aya di dinya, dina
>> gambar png kamus tea. jiga dina entri kecap "Leumpang", aya conto kalimah
>> "To bisa leumpang", meureun maksudna mah lain /to/ tapi /teu/, ngan kusabab
>> rea karempan, jadi nu diketik ku kuring keukeuh /to/, conto sanesna nyaeta:
>> leuchir, ngabresihan, uching, leu-eur, hoih , jsb.
>>
>> kumaha mang oman, mh,oge nu sanesna naha hal-hal nu samodel kieu teh bade
>> diome ku tukang ketikulang langsung atawa diome engke wae sakalian mun geus
>> beres kabeh ku tim heuseus?
>>
>> tah saayeunaeun mah kuring masih nulis ulang ciples we jeung gambarna,
>> iwal masalah e, eu, jeung é. bari nunggu kasapukan urang.
>>
>> duq
>>
>> 2009/8/26 oman abdurahman <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> Nuhun Ua Duq, tos diroris. Katoongna, bahan anu tos ditulis deui oge
>>> perlu dibebenah nya? aya sababaraha kecap anu kapotong atawa kaganti
>>> hurufna, siga kecap "teu" jadi "to", jst.
>>>
>>> manar
>>>
>>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke