tah jigana make eta tah parabaot 'parangsa' atawa 'pangrasa' tea. keun engke nyarungsum ulangna mah dina tahapan saterusna.
ngan wae ngarah gampang ngalelebahna, upama manggih kosa kecap nu 'nyurigakeun' tandaan we ku kelir nu beda, ngarah engke bisa didiskusikeun. keur nara sumber, urang ngolo deui Ambu. hehehe. nuhun, mh 2009/8/26 ua duq <[email protected]> > > > pertanyaannya, nepi kamana purah ngeutik ulang bisa ngomean kecap? di kaca > 352 aya entri model kieu: papegon, papelakan, papolah, papotongan. parangsa > mah eta teh sarupa jeung: papagon, pepelakan, popolah, popotongan. naha nu > samodel kieu ge kaci diome? > terus kuring mah rumasa can nyaho nu ngaranna kecap baku basa sunda, hal > ieu jadi masalah mangsa kuring kudu ngome, misalna, /puachi/. ieu kecap > kapanggih dina entri /para/. mun make paparangsaan (susuganan--heuheu) > kuring mah puachi di dinya sarua jeung /pohaci/, tah di dieu masalahna, naha > kuring ngaganti /puachi/ teh ku /puaci/ atawa /pohaci/? > > sakitu heula mang > > d > > 2009/8/26 mh <[email protected]> > >> >> >> Kang Dud, jigana wae leuwih hade diomean terus we ti awal keneh, >> >> numutkeun logik jeung rasa basa urang salaku panutur basa Sunda >> pituin (native speaker). Anapon koreksi engkena, eta mah keur nyarungsum >> nu kurang we. Ari sababna mah, apan eta kamus teh keur bacaeun jalma >> jaman kiwari. >> >> Upama aya pamendak sanesna, mangga diskusikeun wae. >> >> nuhun, >> mh >> >> >> 2009/8/26 ua duq <[email protected]> >> >>> >>> >>> hihi kieu caritana mah mang, kuring nyalin sakumaha nu aya di dinya, dina >>> gambar png kamus tea. jiga dina entri kecap "Leumpang", aya conto kalimah >>> "To bisa leumpang", meureun maksudna mah lain /to/ tapi /teu/, ngan kusabab >>> rea karempan, jadi nu diketik ku kuring keukeuh /to/, conto sanesna nyaeta: >>> leuchir, ngabresihan, uching, leu-eur, hoih , jsb. >>> >>> kumaha mang oman, mh,oge nu sanesna naha hal-hal nu samodel kieu teh bade >>> diome ku tukang ketikulang langsung atawa diome engke wae sakalian mun geus >>> beres kabeh ku tim heuseus? >>> >>> tah saayeunaeun mah kuring masih nulis ulang ciples we jeung gambarna, >>> iwal masalah e, eu, jeung é. bari nunggu kasapukan urang. >>> >>> duq >>> >>> 2009/8/26 oman abdurahman <[email protected]> >>> >>>> >>>> >>>> Nuhun Ua Duq, tos diroris. Katoongna, bahan anu tos ditulis deui oge >>>> perlu dibebenah nya? aya sababaraha kecap anu kapotong atawa kaganti >>>> hurufna, siga kecap "teu" jadi "to", jst. >>>> >>>> manar >>>> >>> >> > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > >

