hehehehe top markotop euy kang... payoez... aya teu jacket urang sunda yeuh.. bade meser aya teu? kang payoez
2009/7/20 kuyakazev <[email protected]> > > > *Moge Kajajaden* > Jang Kodir geus lima kali lebaran teu balik kalemburna, ngelehkeun rekor > bang toyib anu ngan ukur tilu taunan. Lain teu hayang cenah balik jiga batur > sataun sakali atawa sabulan sakali malahan aya nu siringkrik deui siringkrik > deui meh unggal minggu, kaayaan nu ngajadikeun jang Kodir teu bisa > walakaya. Bisa disebutkeun jang Kodir teh kapahung dipanyabaan, kawantu > hasil pakulianana ngan cukup jeung dahar sapopoe, mayar kontrakan apartemen > nu aya diwewengkon segitiga emas, malahan dua taun katukang boga kabeubeurat > kudu mayar kreditan motor sagala. Balukarna mun kaparengan aya nu balik, > jang Kodir ngan ukur bisa talatah ka nyi Icih pamajikanana, balik moal, > ngiriman moal,cenah. Nampa talatah kawas kitu nyi icih ngan ukur bisa ngurut > dada kadang jejebris,biwirna nyengled kagigir nahan kakeuheul. > > Manglebarkeun ka nyi icih ditamelarkeun, padahal mun disawang tikaanggangan > nu jauhna duakiloan, nyi icih teh lir popotongan pangeran kelantan. Dasar > jang Kodir kurang jeujeuhan, tibatan kudu nempo pamajikan unggal bulan, bet > der ngabeubeurat maneh ngiridit motor jadul honda CB taun tujuhpuluhan anu > tengkina kawas siki nangka tea. Balukarna nyi icih ngarasula diculkeun teu > dipalire "Kuma dewek we!"jawab jang Kodir basa dibere saran ku baturna yen > nu dipilampah teh salah. "Yeuh mun kabedag mah hayang ngiridit motor gede!" > pokna deui kahayangna leuwih tohaga. Da enya atuh mun ngobrol jeung manehna > nu diobrolkeun teh teu jauh ti motor gede. Geus kaimpi impikeun > cenah,nyeungceuleuheu dina moge, sirah dibaguded slayer, make jean belel > kaluhurna make jeket kulit, gas digaur digaur sorana agem lir make sub > woofer, nu hareupeun nyingray kasisi, hmm...asa pangakangna. > > Unggal poe motor nu umurna ampir sababad jeung manehna haben diusapan > nepika lisnir. Sajeroning ngusapan teh sok kadenge gegerenengan sorangan > "Kunaon sia teh teu lintuh lintuh, nyatu siah sing bedas!" bari song huut > ngebul sadungkukan diasongkeun ka palebah sparkboardna. Polahna jadi > mahiwal, bakating ku hayang boga moge tea meureun. Nepikeun ka hiji peuting > jang Kodir meunang ilapat, mun hayang motorna robah jadi gede kudu di keueum > ku minyak tanah. Asup akal oge da karet ge sok beukah mun dikeueum ku minyak > tanah, kitu ceuk pikirna. Teu loba mikir langsung we jang Kodir neangan > minyak, saprak aya program konversi minyak ka gas, minyak tanah teh jadi > langka tur mahal, tapi ahirna meunang oge. > > Tilu poe dikeueum ku minyak tanah enyaan we motor teh jadi beukah, malahan > leuwih beukah lantaran ku jang Kodir minyakna dicampur jeung baking powder > paragi pengembang kueh. Najan teu persis pisan, motor CB kaluaran > tujuhpuluhan teh ngajanggelek jadi moge. Setangna melengkung lir gagang > sirib, jok paragi ngaboncengna rada jujul kaluhur, geus kabayang mun > ngabonceng wanoja teh nyeungceuleuheu kawas nek ngajul langit. Tukangna > ditangkodan safety box, lain safety box ketah da ku jang Kodir diganti ku > mejikjer ukuran 10 leter beas, ngadungkuk siga imah urang eskimo. Diganti ku > mejikjer soteh meh teu mubajir jeung meh aya mangpaatna cenah. Lantaran > dijerona bisa neundeun kolek atawa restan deungeun sangu sesa saur. Moal > kumaonam jeung moal haseum da ku jang Kodir mejikjerna dialiran setrum anu > asalna tina aki motor, teuing make alat naon eta sakadang mejikjer teh bet > bisa ngalagu ku arus DC padahal ilaharna sok ku AC wae. > > Palebah tukangna, rokmong ditempelan setiker jeung tulisan, timimiti nomer > telepon banpol, kutunggu jandamu, setiker caution, anu luhurna aya gambar > peureupan ditulisan ku kecap "wani ngadupax yeuh peureup haneut". > Katingalina gagah jeung tegep. Ngan hanjakal motor teh aya kalemahanana, > dina ilapat disebutkeun, yen ulah sambarangan dikumbah kusambarangan cai > utamana ulah nepikeun kaguyur ku cai hujan bakal balik deui kaasal, cukup > dielap ku cai haneut wae cenah. Atuh unggal meresihan teh ku jang Kodir tara > dibawa ka tukang steam, cukup dielap ku cai haneut sabaskom, persis we kawas > nek ngompres budak hareeng. > > Geus buleud hate, lebaran taun ieu jang Kodir nek maksakeun balik kalembur, > manggih milik cenah meunang THR sapuluh tikeuleun tigajih ditambah bonus > taunan oge meunang rapelan uang kerajinan lantaran salila lima taun gawe can > pernah absen. Susu ganan cenah ari ditembongkeun duit jaleger mah pas > datang nyi Icih moal nyengled kagigir biwirna. Ninggang wanci nu mustari > ninggang mangsa nu sampurna jang Kodir miang ti pondokna ngagededed make > moge kajajaden. Ngarah aman duit THRna diasupkeun kana mejikjer, saking > lobana mejikjer kapasitas 10 leter beas meh-mehan leber, nya kapaksa > kolek jeung deungeun sangu sesa saur mah dikaluarkeun deui dipindahkeun > kajero helem sugan we moal haseum. > > Teu kacatur dijalana jang Kodir geus nepi kalemburna, ampir ampiran sasab > lantaran salila lima taun loba parobahan boh wangunan oge jalan paliliwatan. > Reg jang Kodir eureun dihareupeun imah sigrong, terus uluk salam, anehna nu > kaluar teh siga nu teu wawuheun ka jang Kodir kitu deui jang Kodir bati > rungah ringeh bae, sarua teu apalna. "Inih teh rumahnyah nyi Icih?" tanya > jang Kodir ngomong make leter "B" rarasaeun dipanyabaan wae meureun. "Bukan > atuh, rumah nyi Icih mah disituh, ditempatnyah pa kades!" jawab nu boga > imah, bari nuduhkeun hiji imah anu pernahna gigireun kantor desa. "Kenapah > bisa sama pa kades?" tanyana deui bari dagdigdug asa teu genah hate. > "Emangnyah tidak tau, apan nyi Icih sudah resmi jadi istri pa kades yang > ketiga sejak dua taun yang lalu, abisnyah suaminyah teu uyahan, ninggalin > istri begituh sajah, persis kaya bang toyib. Siapa sih yang tahan ditinggal > suami segituh lamanya, ya ahirnya nyi Icih ngegugat cere deh dipengadilan > agama. Ngomong ngomong,memang situh siapah?" ceuk nu boga imah ngomong > saberendelna matak nyentug kana hate jang Kodir. "Oh begituh, sayah tukang > kiridit kebetulan dua taun yang lalu nyi Icih ambil kiriditan panci ke > sayah!" ceuk jang Kodir kapaksa ngabohong. > > Keur kitu dak dumadakan kaayaan didinya bet angkeub kawas nek turun hujan > gede, enya we teu kungsi lila bret hujan gede pisan, jang Kodir buru buru > amitan terus ngadededkeun deui mogena biur indit balik deui kaurut tadi. > Dasar keur naas, bet lat poho pan mogena teh dipantang pisan kaguyur hujan, > atuh keur jongjon ditumpakan dak dumakan motor teh meotan balik deui kaasal, > balik ka motor CB taun tujuh puluhan anu tengkina kawas singki nangka tea. > Bari > ngiuhan diemper toko, jang Kodir ngarahuh mikiran nasib, najan geus tamaha, > rumasa salah geus namelarkeun pamajikan anu sakitu lilana, tapi tetep > ngadenge iber kawas kitu mah otakna ngadadak jangar, hatena ngaheab, tapi > teu bisa kukumaha, panona we culak cileuk bari neuteup ka tulisan anu aya > ditukangeun mejikjer "Kutunggu Jandamu!" **the-end** > > wilujeng boboran siam, hapunten lahir sinareng batin! > > -- Aldo Desatura ® & © ================ Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

