He he kang kuya kavev bisaan euy rada kasindiran, saya sok mamawa cb, teuing
kunaon resep pisan, di bawa ka kota Bandung udar ider kukurilingan,. Lamun
dinu macet atawa lampu beureum sok degdegan sieun ngadadak paeh.. sok aya
aya wae ogoan pisan..

 

Poko na mah hidup CB , nitip salam ka jang Kodir, tenang kituh loba keneh
anu resep CB.. tong jadi ngarasula.

 

Sijagur cb125/'76

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of kuyakazev
Sent: Monday, July 20, 2009 3:35 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] MOGE kajajaden

 

  

Moge Kajajaden

Jang Kodir geus lima kali lebaran teu balik kalemburna, ngelehkeun rekor
bang toyib anu ngan ukur tilu taunan. Lain teu hayang cenah balik jiga batur
sataun sakali atawa sabulan sakali malahan aya nu siringkrik deui siringkrik
deui meh unggal minggu, kaayaan nu ngajadikeun jang Kodir teu bisa walakaya.
Bisa disebutkeun jang Kodir teh kapahung dipanyabaan, kawantu hasil
pakulianana ngan cukup jeung dahar sapopoe, mayar kontrakan apartemen nu aya
diwewengkon segitiga emas, malahan dua taun katukang boga kabeubeurat kudu
mayar kreditan motor sagala. Balukarna mun kaparengan aya nu balik, jang
Kodir ngan ukur bisa talatah ka nyi Icih pamajikanana, balik moal, ngiriman
moal,cenah. Nampa talatah kawas kitu nyi icih ngan ukur bisa ngurut dada
kadang jejebris,biwirna nyengled kagigir nahan kakeuheul.

 

Manglebarkeun ka nyi icih ditamelarkeun, padahal mun disawang tikaanggangan
nu jauhna duakiloan, nyi icih teh lir popotongan pangeran kelantan. Dasar
jang Kodir kurang jeujeuhan, tibatan kudu nempo pamajikan unggal bulan, bet
der ngabeubeurat maneh ngiridit motor jadul honda CB taun tujuhpuluhan anu
tengkina kawas siki nangka tea. Balukarna nyi icih ngarasula diculkeun teu
dipalire "Kuma dewek we!"jawab jang Kodir basa dibere saran ku baturna yen
nu dipilampah teh salah. "Yeuh mun kabedag mah hayang ngiridit motor gede!"
pokna deui kahayangna leuwih tohaga. Da enya atuh mun ngobrol jeung manehna
nu diobrolkeun teh teu jauh ti motor gede. Geus kaimpi impikeun
cenah,nyeungceuleuheu dina moge, sirah dibaguded slayer, make jean belel
kaluhurna make jeket kulit, gas digaur digaur sorana agem lir make sub
woofer, nu hareupeun nyingray kasisi, hmm...asa pangakangna. 

 

Unggal poe motor nu umurna ampir sababad jeung manehna haben diusapan nepika
lisnir. Sajeroning ngusapan teh sok kadenge gegerenengan sorangan "Kunaon
sia teh teu lintuh lintuh, nyatu siah sing bedas!" bari song huut ngebul
sadungkukan diasongkeun ka palebah sparkboardna. Polahna jadi mahiwal,
bakating ku hayang boga moge tea meureun. Nepikeun ka hiji peuting jang
Kodir meunang ilapat, mun hayang motorna robah jadi gede kudu di keueum ku
minyak tanah. Asup akal oge da karet ge sok beukah mun dikeueum ku minyak
tanah, kitu ceuk pikirna. Teu loba mikir langsung we jang Kodir neangan
minyak, saprak aya program konversi minyak ka gas, minyak tanah teh jadi
langka tur mahal, tapi ahirna meunang oge.

 

Tilu poe dikeueum ku minyak tanah enyaan we motor teh jadi beukah, malahan
leuwih beukah lantaran ku jang Kodir minyakna dicampur jeung baking powder
paragi pengembang kueh. Najan teu persis pisan, motor CB kaluaran
tujuhpuluhan teh ngajanggelek jadi moge. Setangna melengkung lir gagang
sirib, jok paragi ngaboncengna rada jujul kaluhur, geus kabayang mun
ngabonceng wanoja teh nyeungceuleuheu kawas nek ngajul langit. Tukangna
ditangkodan safety box, lain safety box ketah da ku jang Kodir diganti ku
mejikjer ukuran 10 leter beas, ngadungkuk siga imah urang eskimo. Diganti ku
mejikjer soteh  meh teu mubajir jeung meh aya mangpaatna cenah. Lantaran
dijerona bisa neundeun kolek atawa restan deungeun sangu sesa saur. Moal
kumaonam jeung moal haseum da ku jang Kodir mejikjerna dialiran setrum anu
asalna tina aki motor, teuing make alat naon eta sakadang mejikjer teh bet
bisa ngalagu ku arus DC padahal ilaharna sok ku AC wae. 

 

Palebah tukangna, rokmong ditempelan setiker jeung tulisan, timimiti nomer
telepon banpol, kutunggu jandamu, setiker caution, anu luhurna aya gambar
peureupan ditulisan ku kecap "wani ngadupax yeuh peureup haneut".
Katingalina gagah jeung tegep. Ngan hanjakal motor teh aya kalemahanana,
dina ilapat disebutkeun, yen ulah sambarangan dikumbah kusambarangan cai
utamana ulah nepikeun kaguyur ku cai hujan bakal balik deui kaasal, cukup
dielap ku cai haneut wae cenah. Atuh unggal meresihan teh ku jang Kodir tara
dibawa ka tukang steam, cukup dielap ku cai haneut sabaskom, persis we kawas
nek ngompres budak hareeng.

 

Geus buleud hate, lebaran taun ieu jang Kodir nek maksakeun balik kalembur,
manggih milik cenah meunang THR sapuluh tikeuleun tigajih ditambah bonus
taunan oge meunang rapelan uang kerajinan lantaran salila lima taun gawe can
pernah absen. Susu ganan cenah ari ditembongkeun duit jaleger mah pas datang
nyi Icih moal nyengled kagigir biwirna. Ninggang wanci nu mustari ninggang
mangsa nu sampurna jang Kodir miang ti pondokna ngagededed make moge
kajajaden. Ngarah aman duit THRna diasupkeun kana mejikjer, saking lobana
mejikjer kapasitas 10 leter beas meh-mehan leber, nya kapaksa kolek jeung
deungeun sangu sesa saur mah dikaluarkeun deui dipindahkeun kajero helem
sugan we moal haseum.

 

Teu kacatur dijalana jang Kodir geus nepi kalemburna, ampir ampiran sasab
lantaran salila lima taun loba parobahan boh wangunan oge jalan paliliwatan.
Reg jang Kodir eureun dihareupeun imah sigrong, terus uluk salam, anehna nu
kaluar teh siga nu teu wawuheun ka jang Kodir kitu deui jang Kodir bati
rungah ringeh bae, sarua teu apalna. "Inih teh rumahnyah nyi Icih?" tanya
jang Kodir ngomong make leter "B" rarasaeun dipanyabaan wae meureun. "Bukan
atuh, rumah nyi Icih mah disituh, ditempatnyah pa kades!" jawab nu boga
imah, bari nuduhkeun hiji imah anu pernahna gigireun kantor desa. "Kenapah
bisa sama pa kades?" tanyana deui bari dagdigdug asa teu genah hate.
"Emangnyah tidak tau, apan nyi Icih sudah resmi jadi istri pa kades yang
ketiga sejak dua taun yang lalu, abisnyah suaminyah teu uyahan, ninggalin
istri begituh sajah, persis kaya bang toyib. Siapa sih yang tahan ditinggal
suami segituh lamanya, ya ahirnya nyi Icih ngegugat cere deh dipengadilan
agama. Ngomong ngomong,memang situh siapah?" ceuk nu boga imah ngomong
saberendelna matak nyentug kana hate jang Kodir. "Oh begituh, sayah tukang
kiridit kebetulan dua taun yang lalu nyi Icih ambil kiriditan panci ke
sayah!" ceuk jang Kodir kapaksa ngabohong.

 

Keur kitu dak dumadakan kaayaan didinya bet angkeub kawas nek turun hujan
gede, enya we teu kungsi lila bret hujan gede pisan, jang Kodir buru buru
amitan terus ngadededkeun deui mogena biur indit balik deui kaurut tadi.
Dasar keur naas, bet lat poho pan mogena teh dipantang pisan kaguyur hujan,
atuh keur jongjon ditumpakan dak dumakan motor teh meotan balik deui kaasal,
balik ka motor CB taun tujuh puluhan anu tengkina kawas singki nangka tea.
Bari ngiuhan diemper toko, jang Kodir ngarahuh mikiran nasib, najan geus
tamaha, rumasa salah geus namelarkeun pamajikan anu sakitu lilana, tapi
tetep ngadenge iber kawas kitu mah otakna ngadadak jangar, hatena ngaheab,
tapi teu bisa kukumaha, panona we culak cileuk bari neuteup ka tulisan anu
aya ditukangeun mejikjer "Kutunggu Jandamu!" **the-end**

 

wilujeng boboran siam, hapunten lahir sinareng batin!



Kirim email ke