Moge Kajajaden Jang Kodir geus lima kali lebaran teu balik kalemburna, ngelehkeun rekor bang toyib anu ngan ukur tilu taunan. Lain teu hayang cenah balik jiga batur sataun sakali atawa sabulan sakali malahan aya nu siringkrik deui siringkrik deui meh unggal minggu, kaayaan nu ngajadikeun jang Kodir teu bisa walakaya. Bisa disebutkeun jang Kodir teh kapahung dipanyabaan, kawantu hasil pakulianana ngan cukup jeung dahar sapopoe, mayar kontrakan apartemen nu aya diwewengkon segitiga emas, malahan dua taun katukang boga kabeubeurat kudu mayar kreditan motor sagala. Balukarna mun kaparengan aya nu balik, jang Kodir ngan ukur bisa talatah ka nyi Icih pamajikanana, balik moal, ngiriman moal,cenah. Nampa talatah kawas kitu nyi icih ngan ukur bisa ngurut dada kadang jejebris,biwirna nyengled kagigir nahan kakeuheul.
Manglebarkeun ka nyi icih ditamelarkeun, padahal mun disawang tikaanggangan nu jauhna duakiloan, nyi icih teh lir popotongan pangeran kelantan. Dasar jang Kodir kurang jeujeuhan, tibatan kudu nempo pamajikan unggal bulan, bet der ngabeubeurat maneh ngiridit motor jadul honda CB taun tujuhpuluhan anu tengkina kawas siki nangka tea. Balukarna nyi icih ngarasula diculkeun teu dipalire "Kuma dewek we!"jawab jang Kodir basa dibere saran ku baturna yen nu dipilampah teh salah. "Yeuh mun kabedag mah hayang ngiridit motor gede!" pokna deui kahayangna leuwih tohaga. Da enya atuh mun ngobrol jeung manehna nu diobrolkeun teh teu jauh ti motor gede. Geus kaimpi impikeun cenah,nyeungceuleuheu dina moge, sirah dibaguded slayer, make jean belel kaluhurna make jeket kulit, gas digaur digaur sorana agem lir make sub woofer, nu hareupeun nyingray kasisi, hmm...asa pangakangna. Unggal poe motor nu umurna ampir sababad jeung manehna haben diusapan nepika lisnir. Sajeroning ngusapan teh sok kadenge gegerenengan sorangan "Kunaon sia teh teu lintuh lintuh, nyatu siah sing bedas!" bari song huut ngebul sadungkukan diasongkeun ka palebah sparkboardna. Polahna jadi mahiwal, bakating ku hayang boga moge tea meureun. Nepikeun ka hiji peuting jang Kodir meunang ilapat, mun hayang motorna robah jadi gede kudu di keueum ku minyak tanah. Asup akal oge da karet ge sok beukah mun dikeueum ku minyak tanah, kitu ceuk pikirna. Teu loba mikir langsung we jang Kodir neangan minyak, saprak aya program konversi minyak ka gas, minyak tanah teh jadi langka tur mahal, tapi ahirna meunang oge. Tilu poe dikeueum ku minyak tanah enyaan we motor teh jadi beukah, malahan leuwih beukah lantaran ku jang Kodir minyakna dicampur jeung baking powder paragi pengembang kueh. Najan teu persis pisan, motor CB kaluaran tujuhpuluhan teh ngajanggelek jadi moge. Setangna melengkung lir gagang sirib, jok paragi ngaboncengna rada jujul kaluhur, geus kabayang mun ngabonceng wanoja teh nyeungceuleuheu kawas nek ngajul langit. Tukangna ditangkodan safety box, lain safety box ketah da ku jang Kodir diganti ku mejikjer ukuran 10 leter beas, ngadungkuk siga imah urang eskimo. Diganti ku mejikjer soteh meh teu mubajir jeung meh aya mangpaatna cenah. Lantaran dijerona bisa neundeun kolek atawa restan deungeun sangu sesa saur. Moal kumaonam jeung moal haseum da ku jang Kodir mejikjerna dialiran setrum anu asalna tina aki motor, teuing make alat naon eta sakadang mejikjer teh bet bisa ngalagu ku arus DC padahal ilaharna sok ku AC wae. Palebah tukangna, rokmong ditempelan setiker jeung tulisan, timimiti nomer telepon banpol, kutunggu jandamu, setiker caution, anu luhurna aya gambar peureupan ditulisan ku kecap "wani ngadupax yeuh peureup haneut". Katingalina gagah jeung tegep. Ngan hanjakal motor teh aya kalemahanana, dina ilapat disebutkeun, yen ulah sambarangan dikumbah kusambarangan cai utamana ulah nepikeun kaguyur ku cai hujan bakal balik deui kaasal, cukup dielap ku cai haneut wae cenah. Atuh unggal meresihan teh ku jang Kodir tara dibawa ka tukang steam, cukup dielap ku cai haneut sabaskom, persis we kawas nek ngompres budak hareeng. Geus buleud hate, lebaran taun ieu jang Kodir nek maksakeun balik kalembur, manggih milik cenah meunang THR sapuluh tikeuleun tigajih ditambah bonus taunan oge meunang rapelan uang kerajinan lantaran salila lima taun gawe can pernah absen. Susu ganan cenah ari ditembongkeun duit jaleger mah pas datang nyi Icih moal nyengled kagigir biwirna. Ninggang wanci nu mustari ninggang mangsa nu sampurna jang Kodir miang ti pondokna ngagededed make moge kajajaden. Ngarah aman duit THRna diasupkeun kana mejikjer, saking lobana mejikjer kapasitas 10 leter beas meh-mehan leber, nya kapaksa kolek jeung deungeun sangu sesa saur mah dikaluarkeun deui dipindahkeun kajero helem sugan we moal haseum. Teu kacatur dijalana jang Kodir geus nepi kalemburna, ampir ampiran sasab lantaran salila lima taun loba parobahan boh wangunan oge jalan paliliwatan. Reg jang Kodir eureun dihareupeun imah sigrong, terus uluk salam, anehna nu kaluar teh siga nu teu wawuheun ka jang Kodir kitu deui jang Kodir bati rungah ringeh bae, sarua teu apalna. "Inih teh rumahnyah nyi Icih?" tanya jang Kodir ngomong make leter "B" rarasaeun dipanyabaan wae meureun. "Bukan atuh, rumah nyi Icih mah disituh, ditempatnyah pa kades!" jawab nu boga imah, bari nuduhkeun hiji imah anu pernahna gigireun kantor desa. "Kenapah bisa sama pa kades?" tanyana deui bari dagdigdug asa teu genah hate. "Emangnyah tidak tau, apan nyi Icih sudah resmi jadi istri pa kades yang ketiga sejak dua taun yang lalu, abisnyah suaminyah teu uyahan, ninggalin istri begituh sajah, persis kaya bang toyib. Siapa sih yang tahan ditinggal suami segituh lamanya, ya ahirnya nyi Icih ngegugat cere deh dipengadilan agama. Ngomong ngomong,memang situh siapah?" ceuk nu boga imah ngomong saberendelna matak nyentug kana hate jang Kodir. "Oh begituh, sayah tukang kiridit kebetulan dua taun yang lalu nyi Icih ambil kiriditan panci ke sayah!" ceuk jang Kodir kapaksa ngabohong. Keur kitu dak dumadakan kaayaan didinya bet angkeub kawas nek turun hujan gede, enya we teu kungsi lila bret hujan gede pisan, jang Kodir buru buru amitan terus ngadededkeun deui mogena biur indit balik deui kaurut tadi. Dasar keur naas, bet lat poho pan mogena teh dipantang pisan kaguyur hujan, atuh keur jongjon ditumpakan dak dumakan motor teh meotan balik deui kaasal, balik ka motor CB taun tujuh puluhan anu tengkina kawas singki nangka tea. Bari ngiuhan diemper toko, jang Kodir ngarahuh mikiran nasib, najan geus tamaha, rumasa salah geus namelarkeun pamajikan anu sakitu lilana, tapi tetep ngadenge iber kawas kitu mah otakna ngadadak jangar, hatena ngaheab, tapi teu bisa kukumaha, panona we culak cileuk bari neuteup ka tulisan anu aya ditukangeun mejikjer "Kutunggu Jandamu!" **the-end** wilujeng boboran siam, hapunten lahir sinareng batin!

