Nya bade ngeunaheun bade henteu lain hartina kudu ngupahan maranehna ku
jalan nyalenggorkeun ieu hiji perkara TAYA HUBUNGAN jeung kawasa Mantenna
atuh bah, justeru asa kacida mun tea mah geus jentre kajadianna bet di upah
apeh yen ieu "kajadian alam" tea taya hubungan jeung pangawasa Gusti, apan
si kuring nulis teh teu nyebutkeun saratus persen eta kajadian mangrupa
"bebendon", malah ditambahan apan ku si kuring ku basa "cocobi" (dodoja) anu
hartina teu apal naon kasebutna anu sabenerna dongkap ti Gusti teh, tapi nu
jelas ieu basa kudu dirangken ku pangupah ikhtiyar kadunyaan. Hakekat jeung
sareat tos sidik pisan keur jalma nu satuhu mah (boh jalma biasa boh
profesor ceuk paribasa mah hehehe...)
Jelema mun pareng gering teu bisa saujratna mepeuh nyalahkeun panyakit nu
dirandapanana ku lantaran tatalepa ti batur bari jeung sibuk ubar aber
kumaha nyageurkeun eta panyakit bari poho kana hakekat saha nu mere eta
panyakit pan, bah? Atuh sahenteuna bari hate marojengja karesel oge biwirmah
ulah elat istighfar, ngemut kana hakekat naon disatukangeun panyakit nu
dirandapanana. Tah kitu deui ugeran masalah lini oge.
Sok weh geura ngalakukeun studi banding (hehehe.) mun jalma anu satuhu mah
(ka Pangeran) di caritaan perkara cocobi, tepika parahna bebendon, (atuh
tangtuna oge teu lajim nyebutkeun aib, nu pentingmah nyebutkeun kitu soteh
dina kapasitas ngaragap-ragap da lain kawasa manusa siga urang nu bisa
nangtukeun naon rencana Pangeran teh) masing teu genah kadengena tapi hate
leutikmah pasti tumanya jeung nga enyakeun. Beda deui kanu 'egois',
dicaritaan ngadon murang maring mela diri padahal saha nu nyaho hate
leutikna mah ngaenyakeun....
Duka ketah,
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Waluya
Sent: 08 Oktober 2009 5:22
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Lini Bebendon?-->Re: Fw: pusat peradaban Islam?
> "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote:
>
> Ari si kuring, nya kitu deui bae, kirang sapagojod, eh sapagodos pama
misah
> misahkeun kahirupan logis kadunyaan jeung akheratna, enya eta tos sakuduna
> ari ngaran ikhtiyar (usaha) mah lain wungkul dianjurkeun tapi kaasup
> diwajibkeun, ngan mun kekeuh petekeuh yen etateh LAIN bebendon, atawa
> cocobi, atawa nu leuwih parahna "nyiksa" nu dongkapna ti nu Maha Kawasa,
asa
> ku harianeun ceuk si kuring, beu ambuing paralun teuing mun tea mah ayeuna
> kajadian niwaskeun ratusan jeung rebuan dulur, terus kahareupna ngan ukur
> 'konsen' kumaha carana supaya kajadian sarupa teu kaalaman bari jeung lat
> weh poho kana sajarah kumaha proses "maraot" ki dulur nu matak kukurayeun,
> naha saha atuh nu mateni maranehna teh? Enya ku sareatnamah kaurugan
> wangunan jeung watu taneuh, tapi mun kapopohokeun pedah "aing" tos bisa
> ngungkulan mangrupa bencana kahareupna lain hartina urang kudu
ngabarakatak
> nyengseurikeun sajarah.
Ke nu dimaksud BEBENDON teh naon? Sakanyaho kuring mah BEBENDON teh sarua
hartina jeung AZAB atawa KUTUKAN. BEBENDON asal kecapna tina BENDU (=ambek).
Kalimah "Meunang bebendon ti Gusti nu Maha Kawasa", bisa oge dihartikeun
"Meunang AZAB (KUTUKAN) ti Gusti Nu Maha Kawasa".
Tah umpama hartina kitu, cik saha nu HARIANEUN jeung teu boga etika, geus
sidik jalma-jalma teh keuna ku MUSIBAH, der deuih dituduh disebut keuna AZAB
alias KUTUKAN alias BEBENDON (biasana kunu teu keuna musibah). Siga nu
mupuas komo lamun ditambahan tadah-tuduh kaditu-kadieu, kurang imanlah, loba
dosa lah, maksiat lah.
Na kira-kirana ngeunaheun henteu, dulur-dulur urang nu ayeuna keur
kamusibahan disebut "meunang KUTUKAN tinu Maha Kawasa"?
Ah ...asa kacida teuing!
Baktos,
WALUYA
Baktos,
WALUYA
>
__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________
The message was checked by ESET Smart Security.
http://www.eset.com
__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________
The message was checked by ESET Smart Security.
http://www.eset.com
__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________
The message was checked by ESET Smart Security.
http://www.eset.com