Punten ah! ieu sakadang Bebendon bade ngalangkung. Pami teu lepat mah bebendon teh tiasa oge dihartikeun asal tina kecap bebendo-an (pura-pura mamake bendo?) baktos, mrachmatrawyani
--- On Thu, 10/8/09, Simkuring <[email protected]> wrote: From: Simkuring <[email protected]> Subject: FW: [Urang Sunda] Lini Bebendon?-->Re: Fw: pusat peradaban Islam? To: [email protected] Date: Thursday, October 8, 2009, 11:23 AM Nya bade ngeunaheun bade henteu lain hartina kudu ngupahan maranehna ku jalan nyalenggorkeun ieu hiji perkara TAYA HUBUNGAN jeung kawasa Mantenna atuh bah, justeru asa kacida mun tea mah geus jentre kajadianna bet di upah apeh yen ieu “kajadian alam” tea taya hubungan jeung pangawasa Gusti, apan si kuring nulis teh teu nyebutkeun saratus persen eta kajadian mangrupa “bebendon”, malah ditambahan apan ku si kuring ku basa “cocobi” (dodoja) anu hartina teu apal naon kasebutna anu sabenerna dongkap ti Gusti teh, tapi nu jelas ieu basa kudu dirangken ku pangupah ikhtiyar kadunyaan. Hakekat jeung sareat tos sidik pisan keur jalma nu satuhu mah (boh jalma biasa boh profesor ceuk paribasa mah hehehe...) Jelema mun pareng gering teu bisa saujratna mepeuh nyalahkeun panyakit nu dirandapanana ku lantaran tatalepa ti batur bari jeung sibuk ubar aber kumaha nyageurkeun eta panyakit bari poho kana hakekat saha nu mere eta panyakit pan, bah? Atuh sahenteuna bari hate marojengja karesel oge biwirmah ulah elat istighfar, ngemut kana hakekat naon disatukangeun panyakit nu dirandapanana. Tah kitu deui ugeran masalah lini oge. Sok weh geura ngalakukeun studi banding (hehehe…) mun jalma anu satuhu mah (ka Pangeran) di caritaan perkara cocobi, tepika parahna bebendon, (atuh tangtuna oge teu lajim nyebutkeun aib, nu pentingmah nyebutkeun kitu soteh dina kapasitas ngaragap-ragap da lain kawasa manusa siga urang nu bisa nangtukeun naon rencana Pangeran teh) masing teu genah kadengena tapi hate leutikmah pasti tumanya jeung nga enyakeun. Beda deui kanu ‘egois’, dicaritaan ngadon murang maring mela diri padahal saha nu nyaho hate leutikna mah ngaenyakeun. ... Duka ketah, From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto:urangsunda@ yahoogroups. com] On Behalf Of Waluya Sent: 08 Oktober 2009 5:22 To: urangsu...@yahoogro ups.com Subject: [Urang Sunda] Lini Bebendon?-->Re: Fw: pusat peradaban Islam? > "Simkuring" <alkarta_bdg@ ...> wrote: > > Ari si kuring, nya kitu deui bae, kirang sapagojod, eh sapagodos pama misah > misahkeun kahirupan logis kadunyaan jeung akheratna, enya eta tos sakuduna > ari ngaran ikhtiyar (usaha) mah lain wungkul dianjurkeun tapi kaasup > diwajibkeun, ngan mun kekeuh petekeuh yen etateh LAIN bebendon, atawa > cocobi, atawa nu leuwih parahna "nyiksa" nu dongkapna ti nu Maha Kawasa, asa > ku harianeun ceuk si kuring, beu ambuing paralun teuing mun tea mah ayeuna > kajadian niwaskeun ratusan jeung rebuan dulur, terus kahareupna ngan ukur > 'konsen' kumaha carana supaya kajadian sarupa teu kaalaman bari jeung lat > weh poho kana sajarah kumaha proses "maraot" ki dulur nu matak kukurayeun, > naha saha atuh nu mateni maranehna teh? Enya ku sareatnamah kaurugan > wangunan jeung watu taneuh, tapi mun kapopohokeun pedah "aing" tos bisa > ngungkulan mangrupa bencana kahareupna lain hartina urang kudu ngabarakatak > nyengseurikeun sajarah. Ke nu dimaksud BEBENDON teh naon? Sakanyaho kuring mah BEBENDON teh sarua hartina jeung AZAB atawa KUTUKAN. BEBENDON asal kecapna tina BENDU (=ambek). Kalimah "Meunang bebendon ti Gusti nu Maha Kawasa", bisa oge dihartikeun "Meunang AZAB (KUTUKAN) ti Gusti Nu Maha Kawasa". Tah umpama hartina kitu, cik saha nu HARIANEUN jeung teu boga etika, geus sidik jalma-jalma teh keuna ku MUSIBAH, der deuih dituduh disebut keuna AZAB alias KUTUKAN alias BEBENDON (biasana kunu teu keuna musibah). Siga nu mupuas komo lamun ditambahan tadah-tuduh kaditu-kadieu, kurang imanlah, loba dosa lah, maksiat lah. Na kira-kirana ngeunaheun henteu, dulur-dulur urang nu ayeuna keur kamusibahan disebut "meunang KUTUKAN tinu Maha Kawasa"? Ah ...asa kacida teuing! Baktos, WALUYA Baktos, WALUYA > __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4462 (20090927) __________ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset. com __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4462 (20090927) __________ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset. com __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4462 (20090927) __________ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset. com __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4462 (20090927) __________ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset. com

