Euh kitu, nya punten oge atuh pami simkuring bilih salah harti, enya nu
puguhmah sagalarupina ngeunaan ieu kalebet probablitas wungkul, ka nu nyebut
bebendon da simkuring asa tacan pernah maca maranehna nyebut eta basa boh ku
sunda atawa ku indonesya teu diucapkeun saujratna, ti unggal komentar teu
leupas tina rarangken basa "bilih bisi"... "mungkin"..."bisa jadi".. jeung
sarupaning ti eta, ieu hartina lain ngahakimi da sararea ge tos apal nu
kitumah rusiah kangaranana, ngan ari ngira-ngira mah apan teu haram justeru
jadi pecut keur muhasabah ka urang nu masih keneh dibere kasempetan, nu kieu
langkung sae tibatan naroskeun kana jukut nu keur ngageol (ebit gade) da
jukutmah moal ngartieun mereun heuheuheu....

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of Waluya
Sent: 08 Oktober 2009 8:01
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: FW: [Urang Sunda] Lini Bebendon?-->Re: Fw: pusat peradaban Islam?

 

  

> "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote:
> Nya bade ngeunaheun bade henteu lain hartina kudu ngupahan 
> maranehna ku jalan nyalenggorkeun ieu hiji perkara TAYA HUBUNGAN 
> jeung kawasa Mantenna atuh bah, justeru asa kacida mun tea mah 
> geus jentre kajadianna bet di upah
> apeh yen ieu "kajadian alam" tea taya hubungan jeung pangawasa 
> Gusti,

Punten Kang, bisi jadi pitenah ka kuring, saha nu nyebatkeun gejala alam teu
aya hubunganana jeung Gusti Nu Maha Kawasa? Coba diaos deui posting kuring
nu awal-awal, tah dicutat deui sabagian:

"Punten pisan, kuring mah kirang sapagodos lamun lini disababkeun BEBENDON
ti Gusti Nu Maha Kawasa. Lini sabenerna kajadian alam nu teu beda jeung
datangna beurang jeung peuting, teu beda jeung gerna hujan, teu beda jeung
garingna halodo jeung rea-rea deui nu bisa karasa jeung katempo ku urang.
Gusti Nu Maha Kawasa nyiptakeun sagala kajadian alam ieu, tapi sanes keur
BEBENDON ka manusa."

Naon sababna kuring teu satuju kecap BEBENDON keur kanu kamusibahan? di
millis kisunda kuring nulis:

"Nu matak Bah AA, kunaon kuring teu sapagodos kana kecap BEBENDON/AZAB/
KUTUKAN kana kamusibahan. Sabab eta hak HAK PEROGRATIP Gusti Allah Swt.
Urang pan teu terang maksad Anjeunna, na kunaon urang bet NGAHAKIMAN,
ngalangkungan Gusti, nyebat eta BEBENDON/AZAB? Tapi ketang eta
sakuringeun...heuheuheu"

Baktos,
WALUYA





__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4462 (20090927) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com

Kirim email ke