Ngilu mairan, pairan kuring diselipkeun, tapi pairan kuring ieu dimaksudkeun 
kana tulisan ieu, lain kana eusi buku Pak Mansur, da kuring acan Maca.

> "Ahsa" <ahmadsahi...@...> wrote:
 sampurasun....
> kasadayana baraya Sunda, punten abdi ngiring ngbewarakeun buku API > SEJARAH 
> karya Ahmad Mansur Suryanegara. Mugi2 tiasa diapresiasi...
> 
> Dosen luar biasa jurusan Sejarah dan Peradaban Islam UIN Sunan 
> Gunung Djati Bandung ini, juga menggugat hari kebangkitan nasional > dan 
> membeberkan beberapa organisasi pergerakan Indonesia yang 
> sebenarnya tidak berjuang untuk Indonesia, tetapi untuk penjajah. 
> Bahkan, menurutnya, yang pertama memperjuangkan gerakan nasional 
> adalah Syarikat Islam, bukan Boedi Oetomo. Namun, mengapa yang 
> diakui pemerintah RI malah Boedi Oetomo? Jawaban singkatnya: 
> Syarikat Islam itu organisasi yang mewakili umat Islam; sedangkan 
> Boedi Oetomo bersifat non-agama dan nasional. 

WALUYA: Boedi Oetomo mah memang leres organisasi nu sifatna non-agama ngan ari 
boga sifat nasional (Indonesia) mah salah da maksudna oge keur urang jawa. 
Lamun teu salah mah aya sababaraha urang sunda nu ngiluan, tapi akhirna teu 
cocog, da meureun "jawa teuing", jadi ngadegkeun Paguyuban Pasundan.

Perkara Syarikat Islam, nu tadina ti Syarikat Dagang Islam, memang organisasi 
ieu nu jelas-jelas ngalawan walanda. Tapi ulah hilap loba tokoh-tokoh nu tadina 
Syarikat Islam, akhirna mencar nyieun organisasi2 sejen jeung make ideologi 
sejen saperti Nasionalis jeung Komunis. Partai Komunis Indonesia teh diadegkeun 
ku Semaun, tadina ketua Syarikat Islam Semarang. Kitu deui tokoh2 pendiri PKI 
sejenna saperti Alimin ( Tingali WIKI).

Salah saurang nu ngadegkeun SI teh HOS Cokroaminto. Saha ari Cokroaminto? 
Anjeuna incu bupati Ponorogo. Jadi Cokroaminoto teh sabenerna mah 
PRIYAYI/MENAK. Cokroaminto teh bisa disebutkeun guru politikna para tokoh 
penting Indonesia: Semaun (komunis/SI), Soekarno (Nasionalis) jeung 
Kartosuwiryo (agama, tapi sabenerna mah turunan priyayi jawa). Jadi? Nyebutkeun 
Priyayi ngahiji jeung penjajah teh KALEULEUWIHI, da sabenerna mah kaum 
pergerakan teh asalna ti kaum ieu. Di Sunda oge sarua siga Oto Iskandardinata 
atawa Gatot Mangkupraja, sabenerna mah turunan menak.

Naon sababna kaum priyayi? sabab maranehna NU MEUNANG PENDIDIKAN model BARAT, 
beda jeung cacah kuricakan, lamun sakola oge ukur meunang tepi ka kelas 3 SD. 
Akibat pendidikan barat ieu, kaum priyayi terpelajar adi sadar kana jati 
dirina, jeung nyaho strategi dina ngalawan "guruna".

Ieu beda jeung nu bajuang samemehna, kanyahona ukur perang jeung perang. 
Hasilna? Euweuh nu meunang ngalawan walanda, kabeh oge keok (Diponegoro, Imam 
Bonjol jrrd). Tah ari kaum nu terpelajar mah salian perang teh make jurus 
diplomasi. Ceuk cenah, Indonesia bisa merdeka teh sabenerna loba ku jurus 
diplomasina tinimbang ku perangna. Ngan kabeneran nu kawasa lila di Indonesia 
teh tantara, jadi nu ditonjolkeun teh perangna, tibatan diplomasina!

NB: Pak Akhmad Mansur Suryanagara oge sigana mah turunan priyayi oge da namina 
mani sae sareng gagah kitu, beda jeung aran kuring nu ukur genep hurup 
...hehehehe


Baktos,
WALUYA    



Kirim email ke