Geus lila kuring tara ngaliwat deui jalan Balikpapan-Samarinda-Bontang, lamun
teu salah mah pangakhirna teh taun 2003. Tah minggu kamari kuring ngaliwat
deui. Pohara kagetna di daerah "Bukit Soeharto" aya rumah makan gede di sisi
jalan aranna "Tahu Sumedang". Da baheula mah asa teu nempo aya restoran eta.
Kulantaran lapar jeung supir mobil nyarankeun istirahat didinya, nya eureun,
ngadon istirihat didinya. Sanajan kuring urang Sumedang, kana tahu mah teu
bosen-bosen ..hehehe, ngeremus we dibarengan jeung lontong. Tahuna ngeunah ngan
tetep teu sangeunah tahu Sumedang "asli" di Sumedang.
Nu ngalayan diajak ngomong Sunda, nembalan ku basa Sunda deui. Barang ditanya
urang mana, jawabna teh urang Sumedang, ti Ketib cenah. Rek tatanya loba,
maranehna keur pakepuk ngalayanan nu sejen. Maklum poe Minggu loba nu
jalan-jalan. Waktu mayar rada ngagebeg, harga tahu teh mahal pisan, dibanding
jeung tahu sumedang di tempat "asli"na. Tapi muji oge, aya batur salembur,
ngumbara, buka usaha terus sukses bari mawaan batur salemburna digarawe.
Ari sugan teh tukang tahu sumedang teh ngan eta wungkul, har .. geuning aya
sababaraha hiji, boh di Jalan Balikpapan-Samarinda, atawa oge di Kota
Samarinda, tembus ka Jalan Samarinda-Bontang, tepi ka kota Bontangna pisan. Nu
usahana ge jalmana beda-beda, ngan nu pasti urang Sumedang.
Jadi mikir, ti iraha urang Sumedang jadi lalampar kitu dina usaha, nurutan
"dulur"na nu geus tiheula lalampar dina usaha: urang Tasik, nu kawentar jadi
tukang kridit kamana-mana? Sakanyaho kuring, baheula mah urang Sumedang nu
ngumbara teh biasana ukur pagawe formal (PNS/Pulisi/tantara/ BUMN) lain nu
ngadon usaha informal kitu. Tapi ayeuna mah geus beda geuning. Hiji perubahan
sikep anu alus, teu eleh ti etnis sejen saperti urang Padang nu usaha rumah
makan dimana-mana ...
Baktos,
WALUYA