lain kuring mah jadi hayang seuri kang euy, ngan sieun lamun dibetuskeun
bisi enya serius ieu jejer imel teh. keh kuring ngilu kabuad kabaud mun
pulisi manggih bugang akang geus ngajehjer, ngababatang butatayan.

ngingetan wungkul, di dunya sagala rupa lain milik urang sorangan. peunggas
harepan, sumanget hirup urang nu geus teu kapiboga terus maehan sorangan
bakal rambat kamale ka nu sejen. keun lah nu disanghareupan ku akang di alam
kubur sanggeus akang maehan sorangan mah urusan akang rek disiksa atawa
disenangkeun ukur akang nu ngarasakeun. ngan cek kuring, akang kudu inget nu
aya di dunya, nu ku akang bakal ditingalkeun, kolot, adi/lanceuk, dulur,
sobat, baraya, kumaha sarediheunana, kumaha eraeunana aranjeunna
dittinggalkeun paeh ku kang adit...

heueuh da mun mikiran kaegoisan sorangan mah uing ge hayang nurutan kang
adit, hayang ngilu boga kahayang paeh!!! jeung naon hirup ukur ngagugulung
kabingung jeung kasusah lin? ngan lamun ras awak urang teh lain boga urang
sorangan, aya boga kulawarga, boga sobat eta kahayang ku kuring disieuhkeun,
asa kasadarkeun geuning kuring masih boga kulawarga, masih boga sobat!
geuning kuring teh ngabohongan sorangan mun asa teu boga nanaon pisan
mah....

lieur lieur tah...

2009/11/9 Bagus Aditya <[email protected]>

>
>
> Sakunyung-kuyung leungit kabeh rasa percaya diri urang keur sagala hal.
> NYadar pisan boh sim kuring teu boga nanaon di dunya iyeu.
> Rupa teu Kasep, Harta Teu Boga, Otak ge teu pinter.
> Ayeuna urang ngarasa bener2 putus asa jeung teu miboga deui sumanget keur
> hirup.
>
> Tulungaaaaaaaaaaaann Uing Barayaaaaaaaa.!!!!!!!!
>
>  
> ._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke