Walah kang adit, ulah waka heula paeh, naha lain ari kamari nembe ngahereuyan simkuring. jol jol ayeuna putus asa hayang paeh.... tp kang adit, ulah kuatir ku simkuring sagala rupa kaleupatan akang tos di hampura, matak mun ngajungjurigan engkeu ulah ngadatangan indri nya!!! beneran lho kang adit. jadi geus sieun kiye, padahal can aya nanaon....
hiihi....sieun....... --- Pada Sen, 9/11/09, Dudi Herlianto <[email protected]> menulis: Dari: Dudi Herlianto <[email protected]> Judul: Re: [Urang Sunda] PUTUS ASA HAYANG PAEH Kepada: [email protected] Tanggal: Senin, 9 November, 2009, 12:11 AM lain kuring mah jadi hayang seuri kang euy, ngan sieun lamun dibetuskeun bisi enya serius ieu jejer imel teh. keh kuring ngilu kabuad kabaud mun pulisi manggih bugang akang geus ngajehjer, ngababatang butatayan. ngingetan wungkul, di dunya sagala rupa lain milik urang sorangan. peunggas harepan, sumanget hirup urang nu geus teu kapiboga terus maehan sorangan bakal rambat kamale ka nu sejen. keun lah nu disanghareupan ku akang di alam kubur sanggeus akang maehan sorangan mah urusan akang rek disiksa atawa disenangkeun ukur akang nu ngarasakeun. ngan cek kuring, akang kudu inget nu aya di dunya, nu ku akang bakal ditingalkeun, kolot, adi/lanceuk, dulur, sobat, baraya, kumaha sarediheunana, kumaha eraeunana aranjeunna dittinggalkeun paeh ku kang adit... heueuh da mun mikiran kaegoisan sorangan mah uing ge hayang nurutan kang adit, hayang ngilu boga kahayang paeh!!! jeung naon hirup ukur ngagugulung kabingung jeung kasusah lin? ngan lamun ras awak urang teh lain boga urang sorangan, aya boga kulawarga, boga sobat eta kahayang ku kuring disieuhkeun, asa kasadarkeun geuning kuring masih boga kulawarga, masih boga sobat! geuning kuring teh ngabohongan sorangan mun asa teu boga nanaon pisan mah.... lieur lieur tah... 2009/11/9 Bagus Aditya <aditya_luizer@ yahoo.com> Sakunyung-kuyung leungit kabeh rasa percaya diri urang keur sagala hal. NYadar pisan boh sim kuring teu boga nanaon di dunya iyeu. Rupa teu Kasep, Harta Teu Boga, Otak ge teu pinter. Ayeuna urang ngarasa bener2 putus asa jeung teu miboga deui sumanget keur hirup. Tulungaaaaaaaaaaaan n Uing Barayaaaaaaaa. !!!!!!!! ._,___ -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk "Coba Yahoo! Mail baru yang LEBIH CEPAT. Rasakan bedanya sekarang! http://id.mail.yahoo.com"

