asa teu percaya, tetep we teu percaya..kang adit nu tukang heurey jadi berputus 
asa durja kiyeu....
sok nyarios, saha nu ngomong kang adit goreng rupa, saha nu nyebut kang adit 
sangsara, saha oge nu nyebut kang adit teu bisa mikir. ????
teu aya pan? 
emangna sapenting naon kasep, benghar jeung pinter, ari teu beriman mah?
da no hiji nu kudu diboga jeung ulah neupi ka leungit nyaeta kaimanan kang.
 
salam baktos'
indri... 
 
 
 
 
--- Pada Sen, 9/11/09, Dudi Herlianto <[email protected]> menulis:


Dari: Dudi Herlianto <[email protected]>
Judul: Re: [Urang Sunda] PUTUS ASA HAYANG PAEH
Kepada: [email protected]
Tanggal: Senin, 9 November, 2009, 2:16 AM


  



hayang kasep, hayang beunghar, jeung hayang pinter cenah.. hihi (alah siah jadi 
betus tah seurina, hampura kang adit nu bagus nya)

kasep, beunghar, jeung pinter cek kuring lumpatna ukur ka babandingan. teu 
kasep, teu beunghar, jeung teu pinter eta teh hasil ngukur ka nu lian, sabab 
ningali nu sejen leuwih kasep, leuwih beunghar, jeung leuwih pinter.

sabalikna lamun urang bisa narimakeun kakasepan, kabeungharan jeung kapinteran 
keur urang sorangan mah da kabeh ge bisa kasep, bisa beunghar, jeung bisa 
pinter.

---
sssttt kang adit kuring boga tips, sabenerna mah mun hayang, utamana, kakasepan 
urang jiga nu sejen jaman kiwari mah gampang pisan. misalkeun, lamun kang adit 
hayang kasepna jiga kuring, hal ieu gampang kacida keur kalaksanakeun, 
tempelkeun we gambar kuring di potopropil pesbukna kang adit, jadi tah kang 
adit kasepna jiga kuring. keukeukeuk

beuki lieur-lieur tah...


2009/11/9 A Gunawan <rotan...@yahoo. com>


  







Ulah ah,,sasama Adit ulah maot atuh.. Pedah naon ieu teh? Meni palaur 
kieu...sagala pasualan pasti aya bongbolongan, tangtu aya jalan keur 
ngungkulanana. . Tarekahan bae kang,,

Baktos
AG

--- On Mon, 11/9/09, Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com> wrote:


From: Dudi Herlianto <dudi.herlianto@ gmail.com>
Subject: Re: [Urang Sunda] PUTUS ASA HAYANG PAEH
To: urangsu...@yahoogro ups.com
Date: Monday, November 9, 2009, 3:11 PM


  




lain kuring mah jadi hayang seuri kang euy, ngan sieun lamun dibetuskeun bisi 
enya serius ieu jejer imel teh. keh kuring ngilu kabuad kabaud mun pulisi 
manggih bugang akang geus ngajehjer, ngababatang butatayan.

ngingetan wungkul, di dunya sagala rupa lain milik urang sorangan. peunggas 
harepan, sumanget hirup urang nu geus teu kapiboga terus maehan sorangan bakal 
rambat kamale ka nu sejen. keun lah nu disanghareupan ku akang di alam kubur 
sanggeus akang maehan sorangan mah urusan akang rek disiksa atawa disenangkeun 
ukur akang nu ngarasakeun. ngan cek kuring, akang kudu inget nu aya di dunya, 
nu ku akang bakal ditingalkeun, kolot, adi/lanceuk, dulur, sobat, baraya, 
kumaha sarediheunana, kumaha eraeunana aranjeunna dittinggalkeun paeh ku kang 
adit...

heueuh da mun mikiran kaegoisan sorangan mah uing ge hayang nurutan kang adit, 
hayang ngilu boga kahayang paeh!!! jeung naon hirup ukur ngagugulung kabingung 
jeung kasusah lin? ngan lamun ras awak urang teh lain boga urang sorangan, aya 
boga kulawarga, boga sobat eta kahayang ku kuring disieuhkeun, asa kasadarkeun 
geuning kuring masih boga kulawarga, masih boga sobat! geuning kuring teh 
ngabohongan sorangan mun asa teu boga nanaon pisan mah....

lieur lieur tah...





2009/11/9 Bagus Aditya <aditya_luizer@ yahoo.com>


  








Sakunyung-kuyung leungit kabeh rasa percaya diri urang keur sagala hal..
NYadar pisan boh sim kuring teu boga nanaon di dunya iyeu.
Rupa teu Kasep, Harta Teu Boga, Otak ge teu pinter.
Ayeuna urang ngarasa bener2 putus asa jeung teu miboga deui sumanget keur hirup.
 
Tulungaaaaaaaaaaaan n Uing Barayaaaaaaaa. !!!!!!!!


.._,___



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk





-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk








      Kenapa BBM mesti naik? Apakah tidak ada solusi selain itu? Temukan 
jawabannya di Yahoo! Answers! http://id.answers.yahoo.com

Kirim email ke